Ulikan basa téh henteu bisa dipisahkeun tina lingkungan masarakat panyaturna. Munculna ulikan sosiolinguistik dina paélmuan, ogé dikasang-tukangan ku perluna ngimeutan rupa-rupa aspék anu timbul dina ulikan basa balukar pangaruh unsur-unsur sosial-budaya masarakatna.
Kasadaran ngulik basa anu dipatalikeun jeung lingkungan masarakat panyaturna saéstuna geus lila aya dina pikiran-pikiran para ahli basa. Upamana dina Wikipedia, The Free Encyclopedia diterangkeun yén ulikan perkara aspék sosial basa dina kahirupan modérn geus dilakonan ku ahli basa di India jeung di Jepang taun 1930-an, ogé ku Gauchat di Swiss awal taun 1900-an, sanajan harita mah teu meunang panitén anu daria ti Barat. Nepi ka ahirna sosiolinguistik muncul jadi disiplin élmu anu anyar nu dipioniran ku ahli-ahli basa ti Amerika jeung Inggris.
Minangka élmu interdisiplinér, sosiolinguistik ngarangkepkeun ulikan linguistik jeung sosiologi anu masing-masingna mibanda disiplin élmu bawaanana nu béda-béda. Tangtu baé sabadana jadi disiplin élmu anu anyar, sosiolinguistik mibanda pamahaman, métode, jeung obyék anu mandiri sarta nimbulkeun rupaning diménsi ulikan anu mekar di masing-masing lingkungan masarakat.
Patali jeung éta perkara, ieu makalah rék ngadadarkeun rupaning konsép dasar sosiolinguistik, anu dipaluruh, dibanding-banding, sarta ditingkes tina rupa-rupa réferénsi anu kadongkang. Konsép dasar anu didadarkeun dina ieu makalah ngawengku masalah-masalah: kumaha para ahli ngadéfinisikeun (ngawatesanan) ulikan sosiolinguistik, pikeun tujuan naon ulikan sosiolinguistik dimunculkeun, naon baé obyék nu jadi ulikanana, sarta kumaha métode anu digunakeun dina ulikan atawa panalungtikan sosiolinguistik.
Aya sawatara buku, makalah jeung sawatara artikel dina internét anu digunakeun pikeun maluruh jeung ngajawab masalah-masalah di luhur. Umumna mah sumber nu digunakeun téh mibanda konsép anu sarua sok sanajan aya variasi dadaran anu béda lantaran cara nyawang jeung métodologi panyusunna nu ogé béda.
Muga-muga baé ieu makalah bisa ngajawab jeung méré gambaran kumaha konsép dasar sosiolinguistik sakumaha anu didadarkeun ku para ahli, sok sanajan diwatesanan ku heureutna sumber jeung pangaweruh anu nyusun.

a. Watesan Sosiolinguistik
Dina ulikan sosiolinguistik, kapanggih sawatara istilah anu béda-béda. Lian ti istilah sosiolinguistik, antarana baé aya anu disebut sosiologi bahasa jeung linguistik institusional. Kumaha bédana sarta naon baé watesanana bakal didadarkeun ieu di handap.
Sawatara ahli (Nababan, 1991; Sumarsono 2002) nyebutkeun yén sosiolinguistik téh ulikan anu kawilang anyar. Munculna dina awal-awal abad ka-20. Galagatna muncul dina sawatara pikiran para ahli basa anu ditembrakkeun dina rupa-rupa gagasan.
Taun 1916 upamana, Ferdinand de Saussure dina bukuna Course in General Linguistics geus nyebutkeun yén basa téh hiji lembaga kamasarakatan anu bisa disajajarkeun jeung lembaga perkawinan, pewarisan, titinggal, jeung sajabana. Taun 1946, Charles Morris dina bukuna Sign, Language, and Behaviour anu ngadadarkeun yén basa téh sistem lambang, geus nyebutkeun ayana tilu rupa ulikan basa patali jeung puseur titénanana. Saupama tinénanana dipuseurkeun kana hubungan antara lambang jeung ma’na disebutna semantik. Upama puseur titénanana kana hubungan antar lambang disebutna sintaktik. Tah, saupama puseur titénanana kana hubungan lambang jeung panyaturna disebutna pragmatik. Saéstuna, naon anu ku Charles Morris disebut pragmatik téh taya lian sosiolinguistik téa.
Ti harita, para ahli beuki sadar yén aya diménsi-diménsi kamasarakatan anu mangaruhan kana mekar jeung dipakéna basa dina hirup kumbuh. Upamana baé, éta diménsi kamasarakatan téh geus ngalantarankeun timbulna rupaning ragam basa anu lain baé jadi pituduh ayana béda-bédana golongan di lingkungan masarakat panyatur, tapi ogé nuduhkeun situasi makéna basa anu dipangaruhan ku tujuan, topik, aturan, sarta modus digunakeunana éta basa. Nya éta pisan anu jadi kasang tukang munculna ulikan sosiolinguistik téh.
Istilah sosiolinguistikna sorangan kakara muncul taun 1952 dina karya Haver C. Currie “Projection of sociolinguistics: the relationship of speech to social status” (dipindo citak taun 1971). Dina éta karyana Currie nepikeun kamandang yén perlu ayana panalungtikan kana hubungan antara prilaku omongan jeung status sosial (Chaer, 2004; http://www.blackwell-reference.com/public/tocnode?id= g9780631211 938_chunk_g97806312119382). Tapi versi séjén nyebutkeun yén anu mimiti ngaluarkeun istilah sosiolinguistik téh Thomas Callan Hodson taun 1939 (http://en.wikipedia.org/wiki/Sociolinguistics).
Minangka bagian tina ulikan interdisplinér, sosiolinguistik ngarangkepkeun dua unsur paélmuan, nyaéta sosiologi jeung linguistik. Sosiologi nyaéta élmu anu ngulik sacara obyéktif jeung ilmiah perkara manusa di lingkungan masarakat, ogé ngeunaan lembaga-lembaga, sarta prosés sosial nu aya di masarakat. Sedengkeun linguistik widang élmu anu ngulik basa, atawa widang élmu anu merenahkeun basa minangka obyék ulikanana (Chaer, 2004; Nababan, 1991; Sumarsono, 2002).
Tapi lantaran ulikanana ngarangkepkeun dua unsur paélmuan, nyatana sosiologi jeung linguistik, dina awal-awal kamekaranana ngalahirkeun dua istilah, nyaéta sosiolinguistik (sociolinguistics) jeung sosiologi basa (sociology of language). Malah dina taun 1970, M.A.K. Halliday (dina Sumarsono, 2002) mah nyebutna téh institutional linguistics, lantaran ieu ulikan téh matalikeun basa jeung panyaturna (deal with the ralation between a language and the people who use it) sarta tangtu anu disebut panyatur téh mibanda aspék séjén, upamana jumlah, sikep, adat, jeung budaya.
Awal-awalna mah sosiolinguistik jeung sosiologi bahasa téh sok disaruakeun, éta-éta kénéh. Tapi tuluy muncul rupa-rupa pamadegan anu ngabédakeun éta dua istilah. Upama dicindekkeun mah bédana téh lebah cara nyawang jeung di mana nyidekelna. Pikeun mikapaham kumaha bedana, titénan sawatara watesan (definisi) ngeunaan sosiolinguistik jeung sosiologi bahasa ieu di handap.
Hudson (1980) boga pamadegan kieu, “I defined sociolinguistics as ‘the study of language in relation to soociety, implying (intentionally) that sociolinguistics is part of the study of language.” Satuluyna Hudson nyebutkeun, “The study of society in realtion to language (the converse of our definition of sociolinguistics) defines what is generally called the sociology of language.”
Nababan dina bukuna Sosiolinguistik, Suatu Pengantar (1991) nétélakeun yén sosiolinguistik téh nyaéta ulikan basa nu patali jeung panyatur basa minangka anggota masarakat. Bisa ogé dihartikeun yén sosiolinguistik téh ngulik jeung medar aspék-aspék kamasarakatan basa, hususna béda-bédana (variasi) nu kakandung dina basa nu dibalukarkeun ku faktor-faktor kamasarakatan (sosial).
Alwasilah dina buku Sosiologi Bahasa (1993) bari nyutat pamadegan Fishman (1972) nepikeun pamadegan yén masarakat mah leuwih lega batan basa. Ku hal éta, nya masarakat anu nyadiakeun kontéks, lahan sagala paripolah basa bakal diulik. Anu leuwih saluyu jeung ieu pamarekan téh nyaéta sosiologi basa, lain sosiolinguistik. Sosiologi basa, ceuk pamadeganana, “membidangi faktor-faktor sosial dalam skala besar yang saling bertimbal balik dengan bahasa dan dialek-dialek.” Sedengkeun sosiolinguistik leuwih patali jeung wincikan (details of language) dina cara make nu saenyana, nu ku Hymes (1962) disebut “the ethnography of speaking”.
Tina wincikan di luhur bisa dicindekkeun yén saupama nyawang jeung nyidekelna kana ulikan basa, disebutna sosiolinguistik. Tapi upama nyawang jeung nyidekelna kana ulikan masarakat, disebutna sosiologi basa. Leuwihna ti éta, Fishman (dicutat ku Chaer, 2004) nétélakeun yén sosiolinguistik mah sifatna kualitatif, ari sosiologi bahasa mah sifatna kuantitatif.

b. Tujuan jeung Mangpaat Sosiolinguistik
Sosiolinguistik téh élmu anu tujuanana hayang ngadadarkeun kumaha digunakeunana basa dina aspék atawa segi sosial anu tangtu. Sakumaha anu dirumuskeun ku Fishman (dina Chaer, 2004) yén anu dipasualkeun dina sosiolinguistik téh nyaéta, “who speak, what language, to whom, when, and to what end.”
Tujuan jeung mangpaat sosiolinguistik téh bisa dititénan dina dadaran ieu di handap, anu dipeureut tina pamadegan Chaer jeung Agustina dina buku Sosiolinguistik, Perkenalan Awal (2002).
Kahiji, sosiolinguistik bisa dimangpaatkeun dina komunikasi jeung interaksi. Sosiolinguistik bakal méré pituduh ka urang dina ngayakeun komunikasi jeung nu lian ku cara nuduhkeun basa, ragam basa, atawa gaya basa nu kumaha nu bakal dipaké ku urang.
Kadua, sosiolinguistik bisa mantuan jeung nuduhkeun konteks pangajaran basa. Pangajaran basa anu umumna ngagunakeun ulikan tatabasa formal anu sipatna déskriptif atawa normatif, bakal karasa kaku saupama henteu dibarengan ku konteks cara makéna di lingkungan masarakat.
Katilu, di nagara-nagara multilingual siga di Indonésia, sosiolinguistik sacara politis bisa mantuan ngurangan karengkengan dina milih-milih basa mana anu bisa dipaké keur kaperluan ngajalankeun administrasi kanagaraan jeung “pembinaan” bangsa.

c. Obyék Ulikan Sosiolinguistik
Anu jadi obyék sosiolinguistik téh ngawengku tilu ranah, nyaéta basa, masarakat, jeung aspék-aspék rélasina. Aspék naon baé anu dideres ku ulikan sosiolinguistik dina tilu ranah di luhur, bisa katiténan dina hasil Konfrénsi Sosiolinguistik nu munggaran di University of California, Los Angeles taun 1964. Éta konfrénsi geus ngarumuskeun tujuh diménsi panalungtikan sosiolinguistik (Dittmar, 1976, dina Chaer, 2004 jeung Alwasilah, 1993):
1. Idéntitas sosial panyatur;
2. Idéntitas sosial ti paregep nu kalibet dina prosés komunikasi;
3. Lingkungan sosial tempat kajadian “peristiwa tutur” lumangsung;
4. Analisis sinkronik jeung diakronik tina dialék-dialék sosial.
5. Pangajén sosial anu béda ti panyatur kana prilaku wangun-wangun omongan (ujaran).
6. Tingkatan variasi jeung ragam basa (linguistik); sarta
7. Dilarapkeunana panalungtikan sosiolinguistik sacara praktis.

Di sagédéngeun éta, Alwasilah (1993), ngadadarkeun ogé rupaning indikator anu kungsi ditalungtik ku sosiolinguistik. Nyaéta, kahiji, rupa-rupa kabiasaan (konvénsi) dina ngokolakeun omongan (ujaran) anu nyoko kana tujuan-tujuan sosial. Kadua, ulikan anu ngadadarkeun kumaha norma-norma jeung ajén-inajén mangaruhan prilaku linguistik. Katilu, variasi jeung rupaning ragam basa nu patali jeung raraga sosial panyaturna. Kaopat, dimangpaatkeunana sumber-sumber linguistik sacara politis. Kalima, aspék-aspék sosial tina bilingualisme jeung multilingualisme.
Nababan (1991) ogé medar masalah-masalah utama anu diulik kalawan daria ku sosiolinguistik. Éta masalah utama téh ngawengku tilu hal: ngulik basa dina kontéks sosial jeung kabudayaan; matalikeun faktor-faktor kabasaan, ciri-ciri, ogé ragam basa jeung situasi, faktor-faktor sosial, sarta budaya; ngulik fungsi-fungsi sosial jeung digunakeunana basa dina pakumbuhan/masarakat.
Tina tilu masalah utama, muncul topik-topik umum anu dibahas ku sosiolinguistik, nyaéta:
1. basa, dialaék, idiolék, jeung ragam basa;
2. repertoar basa;
3. masarakat basa;
4. kadwibasaan (bilingualism) jeung kagandabasaan (multilingualism);
5. fungsi kamasarakatan basa sarta profil sosiolinguistik;
6. dipakéna basa (etnografi berbahasa);
7. sikep basa;
8. rarancang basa;
9. interaksi sosiolinguistik; sarta
10. basa jeung kabudayaan.

d. Métode Sosiolinguistik
Sosiolinguistik téh studi antardisiplin. Ku hal éta teu anéh lamun métode nu digunakeun keur ngaguar, ngulik, jeung ngadadarkeun masalahna téh dicokot tina métode-métode linguistik jeung sosiologi (Nababan, 1991).
Métode linguistik digunakeun pikeun ngadadarkeun wangun-wangun basa sarta unsur-unsurna nu kapanggih. Éta wangunan basa jeung rupaning variasina téh didadarkeun maké métode analisis linguistik sarta digambarkeun ngagunakeun notasi/tanda-tanda fonétik/fonémik.
Ari cara-cara ngumpulkeun data ti lapangan (masarakat) réréana dicokot tina ulikan sosiologi, utamana anu patali jeung observasi jeung ngumpulkeun data maké angkét (kuisionér) sarta wawancara. Métode statistik tina sosiologi ogé sok dipaké pikeun manggihan pola-pola umum dina paripolah ngagunakeun basa.
Lian ti éta aya métode survei, anu biasana dilakonan ku cara nangtukeun sampel di lapangan. Sampel kudu enya-enga ngawakilan kelompok ngarah kapanggih gambaran anu bener tina éta kelompok tur dianggap nyumponan, luyu jeung tiori ‘kemungkinan’ (probabilitas) sarta tiori statistik.
Sanggeus data kakumpulkeun, léngkah satuluyna nyaéta ngaanalisis data. Dina ngaanalisis data, aya deui métode-métode anu sok digunakeun ku panalungtik. Di antarana aya dua métode anu sok dipaké, nyaéta métode korélasi jeung métode operasi atawa distribusi (tingal makalah Sailal Arimi, Ihwal Metode Penelitian Sosiolinguistik dina http://sailalarimi.blogspot.com/2009/04/ihwal-metode-penelitian-sosiolinguistik.html).
Métode korélasi nyaéta métode analisis anu ngadadarkeun obyék ulikan anu dipatalikeun jeung kontéks situasi atawa kontéks sosial budaya. Ku hal éta, métode korélasi téh sok disebut ogé métode kontékstual. Sedengkeun métode operasi atawa métode distribusi nyaéta métode analisis anu ngadadarkeun unsur-unsur substansi obyék ulikan sarta didistribusikeun maké unsur-unsur verbal pikeun manggihan pola, aturan atawa kaédah anu aya patalina jeung kontéks sosial budaya.
Sabada data dikumpulkeun jeung dianalisis, tahap pamungkas dina panalungtikan sosiolinguistik nyaéta midangkeun hasil ulikan. Dina midangkeun hasil ulikan umumna digunakeun métode métabasa, nyaéta midangkeun ulikan basa ku basa atawa ngagunakeun sistem tanda. Numutkeun sistem tanda, hasil analisis basa diréproduksi ogé ku cara maké rupaning wangun non-basa saperti simbol, ikon, indéks, atawa sitem tanda séjénna anu diwujudkeun dina wangun tabél, grafik, bagan, skéma, jeung gambar.


e. Kacindekan
Tina rupaning konsép dasar ngeunaan sosiolinguistik sakumaha anu geus didadarkeun dina Bab 2, bisa dicindekkeun yén saenyana kasadaran ayana hubungan basa jeung rupa-rupa aspék sosial di lingkungan masarakat panyatur téh geus muncul ti saabad ka tukang. Éta kasadaran tuluy ngalahirkeun paélmuan anu ngarangkepkeun élmu basa (linguistik) jeung élmu sosial kamasarakatan (sosiologi) sarta ngalahirkeun paélmuan interdisiplinér.
Dadaran ngeunaan kosép dasar sosiolinguistik ogé méré gambaran ka urang perkara diménsi atawa masalah-masalah internal jeung éksternal kabasaan di lingkungan masarakat anu bisa ditalungtik ku ulikan sosiolinguistik. Éta dadaran téh bawirasa mibanda sifat universal sarta bisa dilarapkeun di mana jeung iraha baé, lega atawa heureut ambahanana, tur bisa ngadorong para ahli pikeun ngaréspon jeung madungdengkeun rupa-rupa kasus kabasaan anu muncul di lingkungan sosial panyatur.
Ulikan sosiolinguistik anu museur kana munculna gejala-gejala kabasaan nu dibalukarkeun ku aspék-aspék hubungan sosial di masarakat, ogé gedé pisan rélévansina jeung situasi makéna basa di Indonésia umumna, atawa di lingkungan masarakat Sunda hususna. Kaayaan masarakat Indonésia anu kiwari bisa disebutkeun bilingual atawa multilingual, atawa masarakat etnik Sunda anu dina faktana mibanda rupa-rupa dialék jeung ragam basa, tangtu jadi lahan anu narik pikeun ulikan sosiolinguistik. Ku hal éta, sosiolinguistik bisa dilarapkeun pikeun ngajawab problématika kabasaan anu muncul sarta bisa méré gambaran keur nyusun rarancang atawa ngaluarkeun kawijakan nu patali jeung tarékah ngamekarkeun basa.
Leuwihna ti éta, sosiolingusitik bakal manggihan lahan ulikeun anu kacida subur jeung jembarna, saupama urang imeut ningali galagat anu muncul di lingkungan masarakat Indonésia anu sakieu kompléksna. Beuki logorna hubungan-hubungan primordialisme, sering pagedrugna hubungan sosial di masarakat, jeung kasus-kasus sosial-budaya séjénna, tangtu nimbulkeun pola-pola digunakeunana basa anu mandiri jeung bakal jadi narik upama diulik ku disipplin élmu sosiolinguistik.

f. Pabukon
Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.
Arimi, Sailal, S.S., M.Hum. (tanpa taun). Ihwal Metode Penelitian Sosiolinguistik. Tersedia: http://sailalarimi.blogspot.com/2009/04/ihwal-metode-peneliti-an-sosiolinguistik.html. [7 Septemmber 2009].
Chaer, Abdul dan Leonie Agustina. (2004). Sosiolinguistik, Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Hudson, R.A. (1980). Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press.
Nababan, P.W.J. (1991). Sosiolinguistik, Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Sumarsono, Prof. Dr., M.Ed. (2002). Sosiolinguistik. Yogyakarta: SABDA & Pustaka Pelajar.
Wikipedia, The Free Encyclopedia. (2009). Sociolinguistics. Tersedia: http://en. wikipedia.org/wiki/Sociolinguistics [8 Spetember 2009].

Download