Dina buku Peperenian Urang Sunda, karangan Rahmat Taufiq Hidayat, Spk. (2005:136-137), aya pedaran perkara waktu jeung usum-usuman.

Samemeh ngabogaan erloji atawa beker, urang Sunda ngagunakeun ciri-ciri waktu atawa wanci pikeun nangtukeun waktu dina sapoe-sapeuting. Ngaran-ngaran waktu teh umumna mah dumasar kana kajadian anu kaalaman ku dirina jeung alam sakurilingna, anu mere paltuding yen urang Sunda mah kacida dalitna jeung alam sakurilingeunana. Ieu di handap ngaran-ngaran waktu dina sapoe sapeuting (urang Sunda) dumasar kana kajadian alam.

  1. Tumorek, kira-kira tabuh 00.30 (wand keur meujeuhna sare tibra).
  2. Janari Sapi, kira-kira tabuh 01.00.
  3. Janari Leutik, liwat tengah peuting (kira-kira tabuh 0130).
  4. Janari Gede, kira-kira tabuh 02.00.
  5. Disada Rorongkeng kira-kira tabuh 02.30 (kongkorongok hayam sakali).
  6. Haliwawar, kira-kira tabuh 03.00-03.30 (kongkorongok hayam dua kali).
  7. Janari, kira-kira tabuh 04.00.
  8. Balebat, kira-kira tabuh 05.00 (udat-udat beulah wetan dina waktu rek pajar).
  9. Carangcang Tihang, kira-kira tabuh 05.30 (kira-kira lewat pajar, tetenjoan remeng-remeng keneh).
  10. Murag Ciibun/Meletek Srangenge, kira-kira tabuh 07.00 (mimiti tembong panonpoe, ciibun nu ngagarenclang dina dangdaunan mimiti marurag).
  11. Haneut Moyan/Laer Kanjut, kira-kira tabuh 08.00 (keur sedeng ngeunah dipake moyan).
  12. Rumangsang, kira-kira tabuh 09.00 (wanci sabada haneut moyan, panonpoe mimiti karasa panas).
  13. Pecat Sawed, kira-kira tabuh 10.00 (munding nu dipake magawe dilaan/dipecat sawedna tina beuheung munding nu narik wuluku/garu). Di tempat-tempat panas tabuh 10.00, di tempat-tempat nu hawana tiis tabuh 11.00.
  14. Manceran/Tengah Poe, kira-kira tabuh 12.00 (panonpoe aya di luhureun embun-embunan; panonpoe keur meujeuhna mancer).
  15. Lingsir Ngulon, kira-kira tabuh 14.00 (waktu panonpoe ngeser ka kulon).
  16. Panonpoe Satangtung, kira-kira tabuh 15.00 (waktu panon­poe satangtung).
  17. Tunggang Gunung, kira-kira tabuh 16.00-17.00 (waktu panonpoe geus rek surup ayana dina luhureun gunung).
  18. Sariak Layung, kira-kira tabuh 17.00-18.00 (waktu layung di langit katenjo beureum).
  19. Erang-Erang, kira-kira pukul 17.30-18.00 (waktu panonpoe rek surup).
  20. Sareupna/Harieum Beungeut, kira-kira tabuh 8.00-18.30 (waktu geus mimiti reup poek).
  21. Sareureuh Gaang, kira-kira tabuh 19.00 (waktu gaang eureun disada).
  22. Sareureuh Budak, kira-kira tabuh 21.00 (waktu barudak leutik geus mimiti sare).
  23. Sareureuh Kolot, kira-kira tabuh 22.00 (waktu kolot mangsana reureuh).
  24. Tengah Peuting, kira-kira tabuh 24.00.


Eta ngaran-ngaran wanci teh ku sim kuring dicobian dilebetkeun kana Program Jam Analog Wanci Sunda kanggo dina komputer. Ka sugri anu meryogikeun atanapi hoyong nyobian, mangga pulut programna.

Kanggo Win XP:

http://www.4shared.com/file/PaLm1r3j/Wanci_Sunda.html (file exe)

http://www.4shared.com/zip/0ya8LhZL/Wanci_Sunda.html (file zip)

http://www.ziddu.com/download/19019614/WanciSunda.zip.html


Kanggo Win 7:

http://www.4shared.com/zip/psaQkfN-/Wanci_Sunda_Win7.html (file zip)


Saterasna...