E R I K


ROMBONGAN ti kabupatén teu tulus datang. Ceuk bapa Uing, Jurutulis Désa Paténgan, nu meunang béja ti Pa Camat, cenah soré kamari Pa Bupati meunang paréntah poé ieu kudu iang ka Jakarta, aya sababaraha pasualan patali jeung rencana pamaréntah pusat netepkeun kaputusan pemekaran wilayah nu merelukeun kamandangna. Acarana éstu ngadadak, sabab Pansus Pemekaran Wilayah DPR anggota-anggotana rék peré, sedengkeun Rarancang Undang-undang Pemekaran Wilayah can baé rapih.

Kuciwana mah nataku saréréa ogé. Geura wé, teu kaitung asana waragad jeung tanaga nu geus dikaluarkeun pikeun ngayakeun acara mapag Pa Bupati jeung réngrénganna téh. Ti béh ditu kénéh sakur warga unggal désa sa-Kacamatan Rancabali geus tatahar, aya nu sasayagaan seja némbongkeun wewesén kasenian, aya nu ngahaja ngatur pelak strobérina sangkan buahna marekpek bareureum asak pas poéan rombongan datang, jeung réa-réa deui polah masarakat nu pada-pada hayang katangar ku Pa Bupati. Iwal nu sapopoéna metik entéh di perkebunan meureun nu teu ngayakeun sasayagaan husus téh, istuning sabihara-sabihari baé da pabrik tetep kudu jalan, jeung tadina polah metik entéhna sorangan mangrupa bagian tina acara témbong wewesén.

Hadéna Pa Tédi, Camat Rancabali, teu terus ngabolaykeun acara témbong wewesén ti unggal désa téa. Rada kaubaran sigana mah kakuciwa masarakat nu geus tihothat latihan téh, sok sanajan dina émprona teu dilalajoan ku Pa Bupati ogé.

Tadi peuting, di Kantor Kacamatan diayakeun gempungan antara panata calagara jeung sakur wawakil ti unggal désa. Salian ti ngémbarkeun bolayna Pa Bupati jeung rombongan datang ka Rancabali, dina ieu gempungan dipadung-dengkeun ogé sababaraha tarékah jeung kaputusan pikeun ngungkulanana. Kaputusan nu pangpentingna mah nya disapukan ku nu marilu ngariung yén acara témbong wewesén tetep rék dilaksanakeun baé.

Acara téh diayakeun di opat lokasi wisata poko Kacamatan Rancabali, nya éta Kolam Cipanas Walini, Kolam Cipanas Cimanggu, Kawah Putih, jeung Situ Paténgan. Geus ti béh ditu éta opat lokawisata téh ngémbarkeun dina sababaraha média massa yén dina poéan ieu baris diayakeun rupa-rupa témbong wewesén ti sakumna masarakat sa-Kacamatan Rancabali. Samalah mah geus dikumkeun dina poé ieu mah pikeun asup ka éta lokawisata téh haratis.

Hanjakal, najan rék aya kariaan ogé sakola Uing mah teu diperékeun. Ceuk Bapa Kapala Sakola mah cenah kapaksa baé teu peré téh da dua minggu deui rék tulus Ujian Nasional. Pikeun murid kelas tilu mah éstu mangrupa poé-poé pamungkas ayeuna téh, diajar gé geus diwuwuhan ku kagiatan pemantapan tilu mata pelajaran nu rék di-UN-keun. Kaharti lebah dinyana mah ku Uing gé.

Ah, Uing mah rék bolos baé.

Uing rék ka Situ Paténgan. Di situ, rék aya Féstival Parahu jeung Adu Nguseup. Biasana, mun pareng aya kariaan siga ayeuna téh sok raména nataku di situ téh. Komo deui ieu mah bari haratis deuih asup ka situna gé. Biasana, komo mun poé saptu jeung minggu, di situ mah tara suwung ku nu ngadon pelesir. Komo ieu bari jeung aya kariaan anu dina diayakeunana gé ngan sataun sakali, geus kairong piraméeunana ku Uing mah.

Ngan Uing mah lain rék pelesir ka situ téh, da geus teu anéh atuh keur Uing mah kaayaanana gé. Ka situ téh rék néangan duit Uing mah.

Poé rebo ayeuna téh. Biasana poéan tengah minggu kieu mah situ sok tiiseun ti nu pelesir, paling aya hiji dua rombongan mobil laleutik jeung sababaraha pasangan pamuda nu kana motor. Yakin lah ayeuna mah pastina ramé tah situ téh. Weuh, kacipta euy nyéwa-nyéwakeun samak jang ampar balakécrakan téh hasilna moal teu mucekil geura.

Indit ti imah mah rék maké saragam wé ah, méh teu kaciri teuing rék bolosna. Samak mah da geus biasa Uing gé nginjeum heula ti Mang Darma, ké hasilna dibagi dua.

“Mang, sapuluh ayeuna mah mawa samak téh ah!” basa Uing geus di imah Mang Darma.

“Har, naha moal indit ka sakola kitu ilaing téh? Maké jeung rék nyéwakeun samak sagala.” Mang Darma mah najan ceuk inyana sorangan baheulana teu kungsi ngasaan sakola, ari paniténna kana pentingna sakola keur barudak téh kacida gemetna.

“Henteu, Mang! Dibubarkeun poé ieu mah diajar téh, pan rék aya kariaan téa. Hanas disaragam ieu gé!” Uing ngawadul.

Mang Darma asup ka jero imah. Ti jero rada tarik sorana, “Ké atuh tungguan sakeudeung, samakna ku Emang dibérésan heula. Kop tah bisi rék ngasaan bubuy sampeu!”

“Rék dibekel meunang nya, Mang?”

“Kop waé nyokot sorangan!”

Hayang seuri tungtungna euy, ku banget percaya kitu waé nya Mang Darma mah. Teuing mun pédah Uing budak Jurutulis désa mah kitu. Apal Uing gé ari kana bab perdosaanana mah ngabohong téh, komo ieu bari jeung ngabobodo kolot geura. Tapi keun baé lah, kapalang.

“Kadé nya, Jang, sing titén bisi aya nu leungit samakna!” basa Uing rék indit, Mang Darma kawas sasari balitungan.

“Moal atuh, Mang! Pan biasa gé sok rapih waé Uing mah.” Rada kaéraan Uing gé pédah baheula samak nu diinjeum kungsi aya nu leungit kabawa ku rom-bongan nu nyéwa.

Jol ka situ téh tacan pati réa teuing nu pelesir. Karék nu kapapancénan jadi panitia waé keur saribuk sasadian itu ieu kapereluan Féstival Parahu jeung Adu Nguseup téa. Nu baroga parahu gé keur paciweuh ngatur posisina séwang-séwang.

Uing geus boga tempat nu maneuh minangka lapak nyéwa-nyéwakeun samak. Kaitung stratégis lapak Uing mah, perenahna pas pisan lebah Batu Cinta. Lebah dieu mah kaétang stratégis téh pédah jadi patempatan anu maneuh anu wajib kasaba ku sakur anu pelesir ka Situ Paténgan. Jeungna deui, salian ti situna sorangan, nya lebah dieu pisan anu biasana jadi jugjugan téh, minangkana mah monumén nu jadi ciri poko asal-muasalna legénda cinta Nyimas Rengganis. Ceuk légégna, kojona lah Batu Cinta téh keur Lokawisata Situ Paténgan mah.

Samak nu diamparkeun ngan karék dua lambar, nu dalapan deui mah ké wé maju ka ramé. Bari sila luhureun samak, Uing mencrong ka lebah situ. Parahu geus rapih geuning. Béda jeung biasana, ayeuna mah parahu-parahu téh maké jeung dihias sagala. Resep sigana mun unggal poé kieu.

Saragam sakola nu napel na awak Uing, kaluhurna geus diganti ku Saragam Husus paranti sasari mun Uing nyéwakeun samak. Noron tilu poé ayeuna Uing bolos sakola. Teuing ku horéam-horéam teuing Uing mah sakola téh, sanajan mun inget rék Ujian Nasional sok rada hanjelu ogé. Poé senén, Uing mabal basa keur upacara, nyalingker alesan mah hayang kahampangan. Terus kamari, salasa, ti imah mah Uing indit di saragam, tapi palebah péngkolan sakola teu terus méngkol kalah lempeng waé ka kalérkeun, ngadon aprak-aprakan ka Kawah Putih. Sorangan. Terus ka Cipangantén. Terus ka situ.

Mun di sakola meureun ayeuna téh Uing keur pemantapan pelajaran Maté-matika. Leuh, surak ogé haté mah teu kudu panggih jeung Pa Ayi guru Matématika nu najan teu galak-galak teuing tapi pasti waé nitah Uing ka hareup ngagawéan soal nu.... deuh.... hésé keur pantar Uing mah. Atuh da apalna rumus matématika téh Uing mah nya nu aya patalina jeung ngétang duit hungkul, hé...hé...

Cenah éta engké Ujian Nasional, nya kumaha béhna engké waé lah. Pan Uing mah geus boga stratégi jetu ti baheula gé. Sabisa-bisa, kudu bisa, bisakeun, alias Tilu Bisa. Sabisa-bisa, mun teu bisa kumaha? Nya kudu bisa. Mun teu bisa waé? Nya bisakeun wé, carana mah gampang, teu kudu toh-tohan diajar nepi ka jungkir sagala, cukup ku ngasongan dua lambar limarébuan gé babaturan Uing mah langsung jadi balageur sok méré toronan.

Geus jam salapan geuning. Enyaan, keur parusingeun meureun babaturan Uing mah nyanghareupan soal-soal latihan Matématika nu réana tara kurang ti genep puluh soal. Samak Uing geus aya nu nyéwa tilu. Tah mun dibalitungkeun mah hijina téh lima rébu, kalikeun tilu, jumlah-jamléh jadi lima belas rébu.

Paling kuat gé nu nyéwa téh ngan duajameun. Ayeuna jam salapan, tambah dua jam, jadi jam sabelas. Terus jam sabelas rabul deui nu nyéwa samak, salambarna lima rébu. Misalkeun samak nu diséwa dina jam sabelas téh aya genep lambar, kalikeun lima rébu, tilu puluh rébu. Hijikeun jeung nu tadi jadi opat puluh lima rébu.

Tah, geus rada beurang mah sigana paling lila gé nu nyéwa téh ngan sajam maké samakna. Tambahkeun deui sajam, jadi jam dua belas. Terus dina jam dua belas samak Uing sapuluhanana aya nu nyéwa, kalikeun deui lima rébu, jumlahna lima puluh rébu. Mun jeung tadi isuk mah dijumlah-jamléh jadi salapan puluh lima rébu. Cukup lah.

Salapan puluh lima rébu mun dibagi dua keur Uing jeung Mang Darma, séwang-séwang kabagian opat puluh tujuh rébu lima ratus. Baé lah Mang Darma mah béré wé tilu puluh rébu, bébéja wé ngan meunang genep puluh rébu kituh. Jadi Uing kabagian genep puluh lima rébu. Tujuh puluh rébu pancegna mah, mun Mang Darma siga sasari sok rajeun mikeun deui lima rébu ka Uing minangka bonusna.

Tuh nya, Uing gé di dieu keur diajar Matématika.

***

TILU POÉ ieu mah Uing moal bisa mabal sakola. Pan keur Ujian Nasional. Keun baé lah, pira gé ngan tilu poé, terusna pan pastina gé peré sakola téh da geus bérés. Poé-poé panungtungan Uing sakola di SMP.

Asana ujian téh lancar-lancar waé keur Uing mah. Tara ngapalkeun ogé bisa ngeusian mah, pan boga jurus Tilu Bisa téa. Kabeneran nu diuk hareupeun Uing pas ujian téh Kustina, murid pangpinterna di kelas Uing. Kustina ku Uing geus dibadamian kudu méré jawaban. Minangka émbohna, Kustina ku Uing rék dibéré duit.

“Pokona, Uing mah ngandelkeun jawaban sapaméré manéh wé nya, Tin! Gampang lah urusan béayana mah, tah uang mukana lima puluh rébu!”

“Ah, manéh mah ti baheula ngan bisa ngandelkeun batur wéh. Matakna tong mabal waé atuh sakola téh. Hég diajar sing bener, ulah kéna-kéna loba duit sok ngagampangkeun.” Kustina rada nyereng ogé.

“Keun baé lah Uing mah nu penting lulus wé, carana mah urang atur-atur.” Uing keukeuh.

“Tuh nya, da manéh mah kitu. Tong sok nganggap énténg nyaho!”

“Heueuh lah, nyaho Uing gé! Tulungan lah...!”

“Tulungan... tulungan...!” ceuk Kustina bari nyengir, “Baku manéh mah!”

“Hé...hé...hé...”

“Lain hé...hé...! Mikir siah!”

Najan bari nyureng gé, éléh géléng Kustina téh. Si éta mah tuda, bageurna téh nataku, karunyaan deuih. Enya gé sok pahereng-hereng heula, tapi terusna sok éléh géléng. Da lain Uing waé nu sok ménta jawaban ka manéhna téh, babaturan Uing nu lain gé sarua. Nu matak, Uing mah ténang wé ujian téh, da aya Kustina ieuh.

“Urang mah teu dieusian kabéh euy! Manéh tuda, Rik, medit siah!” Si Ginanjar rada ambek pédah tadi basa keur ujian keretas sacewir ti Kustina ku Uing teu dibikeun ka manéhna.

“Aduh, da pengawas ningali waé ka Uing, euy!” rada kiler pengawasna tadi téh.

“Ah, alesan waé ilaing mah, ngomong wé mumul mantuan batur. Téga euy...!” Ginanjar keuekuh ambek.

Heueuh, sabenerna mah da najan kiler jeung melong waé ka Uing, pengawas téh aya wé bongohna. Ngan ngahaja ku Uing Si Ginanjar teu dibéré, da kapan nu mayar Kustina téh Uing, keun baé batur mah teu kabéré ogé. Jeung deuih, itung-itung males ogé bongan Si Ginanjar mah biasana sok hésé mun dipénta toronan téh.

“Tapi kétang, untung Urang ngeusian téh lain hasil toronan ti Kustina, boa kode-kodena téh asal siah, Rik!” Ceuk Ginanjar.

“Asal? Asal kumaha?” Uing gé reuwas, sumpah.

“Heueuh, jawaban toronan nu dina keretas sacewir nu dibikeun ka manéh mah asal-asalan, can tangtu sarua jeung jawaban asli nu ku Kustina dieusikeun dina lambaran jawaban nu manéhna.” Ginanjar semu nyingsieunan.

“Ah, piraku!” Uing cangcaya ogé kétang. Kumaha lamun caritaan Si Ginanjar bener, Kustina méré toronan keur Uing téh asal méré waé, bari jeung jawabanana mah duka téh teuing tah.

“Moal, lah! Piraku Si Kustina ngabohongan Uing!”

“Bisa waé ngawarah ilaing, Rik!”

“Ah, teu percaya Uing mah!”

“Tadi, basa ngumpulkeun lembar jawaban, ku Urang katingali Kustina mah da teu ngajawab kabéh. Loba nu teu dieusianana.”

“Geuning dina keretas toronan mah lengkep kabéh lima puluh soal aya jawabanana.”

“Hag siah...”

Beu, cilaka mun kitu mah. Mun Kustina ngabohongan Uing téh kasebelan pisan tah. Lamun heueuh kumaha nya, mangkaning tilu mata pelajaran ka-béhanana jawaban Uing mah ngandelkeun manéhna.

Gara-gara éta, Uing jadi tagiwur. Unggal poé tara genah rarasaan. Kungsi sababaraha kali ditanyakeun langsung ka Si Kustina. Angger wé basana téh, “Tungguan wé engké pengumuman, manéh lulus atawa henteu!” sok bari ditungtungan ku cicirihilan geuleuhna téh. Pan ka Uingna gé matak nambahan tagiwur.

Tilu poé deui wawaran lulus-henteuna téh. Deuh... Hareudang euy! Hawa Rancabali nu nyelecep tiis téh karasa ku Uing mah bayeungyang. Mun Uing teu lulus sakola kumaha? Jadol téh, pasti tada teuing ambekna kolot Uing tah. Piraku cenah anak Jurutulis Désa bodo, sakola SMP waé nepi ka teu lulus. Wirangeun meureun euy, kolot Uing téh.

Jadol téh...! Éta deuih, Pa Anjas, guru basa Sunda di sakola Uing, beungeutna ngalangkang dina implengan Uing. Hayoh waé ngahariring, “...banget bingung, kuring sakola teu jucung...” Lagu nanahaon éta téh lah, pupuh kitu. Maskumambang atawa Jurudemung kitu. Éta téh pupuh wajib unggal rék ngamimitian pelajaran basa Sunda, kudu dihariringkeun heula babarengan.

Ngaléléwé euy.

Ah, rék ka situ wé Uing mah.

Biasana poé jumaah kieu mah tara aya nu pelesir ka situ téh. Baé ah, da lain rék nyéwakeun samak barina gé. Daripada di imah waé, kalah matak baluweng jeung tagiwur balas mikiran caritaan Si Ginanjar jeung Kustina. Beungeut Pa Anjas deuih, ngaririwaan waé geuning.

Mending gé ulin ka Curug Tilu. Ngaran Curug Tilu téh euweuh ti dituna, éta mah Uing wé nu méré ngaran. Rérés nyéwa-nyéwakeun samak, biasana Uing sok tara langsung balik, tapi nyimpang heula ka Curug Tilu. Situ Paténgan dilingkung ku gundukan-gundukan pasir. Beulah kulon kebon entéh, beulah kalér pinus nu Perhutani, beulah wétan jeung kidul mah leuweung geledegan. Tah, ka Curug Tilu mah kudu ka beulah wétan. Ti Batu Cinta, Uing biasana sok tatarabasan ka beulah kalér, ka leuweung pinus Perhutani. Terus ka wétankeun.

Sabenerna leuweung wétaneun situ téh mangrupa Leuweung Tutupan. Teu samanéa jalma bisa asup ka dinya. Cenah mah di dinya téh paragi kuncén Paténgan menekung nyambungkeun jiwana jeung Nyimas Rengganis nu ngawasa Situ Paténgan. Jeung deuih, ceuk carita masarakat mah, loba orayna nataku lebah dinya téh.

Uing geus sababaraha kali ka dinya, tapi asana can kungsi manggihan oray. Nu matak najan bari susulumputan gé Uing mah geus biasa ka lebah dinya téh. Tengah-tengah leuweung aya walungan teu pati gedé, ngamalirna ka situ. Jolna mah ti Cipangantén walungan téh. Tah lebah dinya pisan ayana curug téh. Ku Uing dingaranan Curug Tilu, pédah aya tilu umpak.

Resep di dinya mah, tiiseun. Abah Kuncén ka dinyana téh biasana sok malem jumaah, tara ti beurang. Nu matak tara aya jelema saurang-urang acan mun beurang mah. Jeung deuih, pasti sok aya sasajén urut tadi peutingna Abah Kuncén menekung téa. Tah mun mabal ti sakola, tempat nu pasti dijugjug ku Uing nya Curug Tilu. Ngadon mandi handapeun curug. Mun lapar, dahareun nu aya dina sasajén pasti pindah kana beuteung Uing.

Mun geus mandi, Uing sok tuluy narabas ka wétankeun. Bijil-bijil téh di Cipangantén, nyimpang ka imah nini.

***

ASANA geus ti béh ditu, aya dua perkara nu napel dina diri saurang murid nu jadi kacapangan di sakolana, boh di lingkungan babaturanana boh ling-kungan guruna. Saperkara, pastina mun teu pangpinterna nya pangbodona. Kadua perkara, naon deui atuh mun lain nu pangbageurna atawa pangbaongna.

Geus prah di unggal sakolaan, murid nu pangpinterna jeung nu pangbodona mah sok pangpopulérna, kitu ogé nu pangbageurna jeung nu pangbaongna. Nu pangpinterna sok kacapangan ku pikareueuseunana, komo pama dibarengan ku bageur mah. Terusna sok dipaké pangbibita jeung disabit-sabit ku guruna sangkan dijadikeun conto. Ari nu pangbodona, geus pasti kacapangan pédah jadi panitén pangpokona pikeun unggal guru dina narékahan parobahanana. Tapi kétang, pama dibarengan ku badeur mah deuih sok matak jadi sumber murang-maring guru jeung babaturanana. Sok dijieun conto deuih éta ogé, ngan biasana mah pangpangna mun nyingsieunan atawa ngalaipkeun.

Érik disarebutna ku babaturanana mah. Demi ngaran asli ti kolotna mah Fébi, nénéhna Ébi. Disarebut Érik téh pédah wé mimitina mah keur kelas dua kungsi usum nyieun lalandih. Ginanjar pan dilandihna téh Si Pédro, kahayangna sorangan. Terus Asép jadi Si Kosin, nurutan kiper Persib urang Thailand. Budak awéwé gé sarua, aya nu dilandih Marisol, Inul, malah aya Titi DJ sagala.

Lalandih Érik terus jadi kacapangan. Nepi ka mimindengna mah guru-guru di SMP 2 Rancabali ogé nyebut manéhna téh Érik. Tah, nya Érik pisan nu pangkasohorna kadua di sakola téh. Nu kahiji mah Vériana, budakna bageur, geulis, jeung pinter deuih. Ari Érik lalawananana. Keur badeur téh bodo deuih, katelah tukang mabal sakola.

Unggal riungan guru madungdengkeun kamekaran diajar siswa, ngaran Érik pasti nu pangheulana disebut. Nu pusingeun mah wali kelasna, katempuhan kudu narima kutuk gendeng guru-guru nu lain nu geus ngarasa taakkeun. Kungsi éta ogé disidang sakalian jeung kolotna ku kapala sakola. Eh, kolotna gé kalah ka nyarita sarua geus taak cenah nyanghareupan Érik mah.

Poé senén, poéan diwawarkeunana hasil Ujian Nasional, Érik dituyun ku Pa Anjas, wali kelasna, ka rohang guru. Di rohang guru Érik disina diuk, guru-guru nu araya di dinya pada ngagonjak.

“Wah, Rik! Cenah rék masihan entéh, mana atuh can waé geuning?!” Ceuk Pa Ayi, guru Matématika.

“Enya, Rik! Ka Ibu gé cenah rék masihan!” Bu Hj. Tita mairan.

“Hé...hé...! Hilap deui, Pa, Bu!” Érik nyaritana bari kékélémésan éraeun, beungeutna beureum.

“Hilap deui atawa hilap waé, Rik?” Pa Ayi ngagonjak.

“Hé...hé...hé...!” Kitu tah kabiasaan Érik nu lain pama ditanya ku guru téh, nepi ka sok katelah ogé Si Hé-hé.

Pa Anjas nu tadi ka rohang kapala sakola heula, norojol terus diuk gigireun Érik. “Kumaha, Rik, cageur?” leungeunna nepak taktak Érik.

“Saé, Pa!” Jawab Érik pondok.

“Teu jeung bapa, geuning teu katinggal? Diwartoskeun dipiwarang ka dieu?”

“Diwartoskeun atuh, Pa! Ngan nuju ka Soréang, aya peryogi saurna mah.”

“Naha lain ku indung wé atuh bapa teu bisa mah?”

“Muhun, mamah ogé sami teu tiasaeun, margi kedah metik entéh di perkebunan.”

“Har, kumaha atuh ieu surat wawaran kelulusan, pan kedah dicandak ku sepuh hidep?!”

“Hé...hé...hé...! Ku Uing, éh... ku abdi wé atuh, Pa!”

Pa Anjas nyelang heula ngabagikeun surat wawaran hasil Ujian Nasional di rohang kelas. Érik mah disina nungguan heula di rohang guru. Teu lila, ukur limabelasmenitan, Pa Anjas geus norojol deui di rohang guru. Di luar, babaturan Érik keur arayeuh-ayeuhan suka seuri pédah lalulus ujianana.

Ngahaja Érik mah disina di rohang guru ku Pa Anjas ngarah rada laluasa nepikeun hasil ujianana. Sok bisi kumaonan deuih mun dihijikeun di rohang kelas jeung babaturanana mah.

Teu lila, di rohang guru aya sora nu ceurik. Érik keur diupahan ku guru-guruna sangkan sabar nampa hasil ujianana. Lain Érik waé nu ceurik téh, Bu Hj. Tita ogé milu ceurik mangwatirkeun.

Érik teu lulus.

***