B A L A M A T I



”AHUUUNG…!” lir gumuruh marengan ruh nu ngahiang ka awun-awun.
Ilangna kahormatan putri Sunda nu nyangkaruk dina waruga Diah Pitaloka alatan pangrobéda kasarakahan napsu manusa-manusa nu dina getihna geus ngamalir angkaramurka demi ngeukeuhan amparan-amparan wilayah kakawasaan, sagemblengna aya dina kamampuh Darma nandonan pangepung sapasukan prajurit nu samagrang pakarang. Kaayaan anu teu asup kana balitungan Darma saméméhna. Atawa, leuwih pantesna mah kaayaan anu némbongkeun kahéngkér dirina. Kahéngkér, nu sakuduna teu kapibanda ku Mantri Pasukan Balamati.
Aya dua gumuruh nu kiwari patémbalan dina diri Darma. Saperkara, gumuruh éarna pasukan lawan nu sarukabungah tandaning jaya di pangperangan nalika abringan karajaan Sunda geus tumpur, kari inyana jeung Pitaloka. Dua urang ngalawan pasukan nu réana ratusan tangtu geus kajudi kumaha pibalukareunana. Atawa, abringan pasukan nu kari nyésa dua urang tangtu geus lain toliheun pasukan lawan. Dua urang, saurang lalaki saurang awéwé. Kadua perkara, gumuruh éarna sora-sora nu asalna ti dirina sorangan. Sora nu nganaha-naha inyana leupas waspada, jeung sora nu nitah ngejat mulang ka sarakan. Sarakan nu milu ilangeun kahormatan.
Pitaloka nangtung, dina leungeun katuhuna Patrem. Sorot panonna paadu jeung sorot panon Darma nu méh-méhan teu ngiceup. Aya tangara tina sorotna. Tangara nu némbongkeun wawanén Pitaloka geusan nemahan pati batan kudu hirup dina dampal kakawasaan raja angkara. Sorot jeung wawanén nu pikeun Darma nurihan atina, beuki nambahan gumuruh jero dirina nu teu euih-euih lir seuseukeut matapanah-matapanah nu nembus kana jajantung.
Bareng jeung nancebna Patrem kana jajantung Pitaloka, sajorélat Darma ngejat ngulon.
“Isuk pagéto—!” Ngan kebat sakitu. Gumuruh aya kénéh.

*

KEUR Sudarma, taya bédana bisa ninggali jauh ka hareup jeung jauh ka tukang, ka mangsa-mangsa anu iraha boa. Duanana geus ngajadikeun dirina dipaksa kudu matuh di hiji rohang leutik nu sisi-sisina ukur bilik ipis, taya jandéla, ukur lawang leutik di béh hareup minangka lawang asup jeung kaluar indungna nu teu weléh satia ngirim cimata lara. Tara aya sora cacarita nu kaluar tina pakakas ucap indungna, ukur inghak jeung cimata ngalémbéréh minangka tanda sungkawana.
Taun ieu, panceg itungan tujuh taun Sudarma jadi pangeusi éta rohangan. Leungeun jeung sukuna dibaguded ranté karahaan nu tacan kungsi dilaan ti saprak dipasangkeun. Bapana, jeung masarakatna, geus tepi kana hiji putusan yén Sudarma euwah. Gélo.
Ukur dua kalimah nu kiwari sok diucapkeun ku Sudarma. “Gajahhhhh…..!” sakapeung laun, sakapeung jeung mimindengna handaruan. “Isuk pagéto—!” Ukur sakitu. Taya nu nyahoeun maksudna. Taya nu ngartieun. Sorot panonna beureum burahay.
Kungsi Sudarma dibawa ku kulawargana tatamba ka nu bisa. Geus mangpuluh dukun, kiai, ustad, sumawonna dokter, keukeuh Sudarma aya dina kaayaan langlang-lingling. Teu éling saha dirina. Bapana geus ngarasa béak déngkak, nya tungtungna mah dikurung.
Bisa nyawang mangsa jauh ka hareup jeung ka tukang téh éstu kaistiméwaan anu taya hinggana pikeun manusa jaman kiwari mah. Mimitina Sudarma, kulawargana, jeung masarakat sabudeureun wewengkon désa Pasirlaya ngeukeuhan pamanggih kawas kitu. Laun-laun, keur Sudarmana sorangan, kamampuh sarupa kitu téh asa beuki nyiksa. Teu euih-euih, totondé-totondé patingkolébat dina implengan Sudarma. Kerep. Samalah, patingkolébatna mangsa-mangsa ka tukang nu jauh tangéh jeung alam kahirupanana kiwari, beuki leuwih kerep ngeusian implenganana. Remen Sudarma ngarasa dirina aya dina pangperangan nu nyésakeun dirina jeung saurang wanoja nandonan ratusan prajurit pasukan lawan. Éar surak ratusan prajurit ngaguruh. Éar sora dirina nurihan jajantung.
Mun geus kitu, teu paduli keur naon, teu paduli maké naon atawa teu maké nanaon. Ngabedega. Rénghapna ranjug, panonna burahay.
“Gajahhhh—!” Handaruan.
“—Ang…kara… an..di…ka!” ngageuri.
Laju nyemprung lumpat sakalumpat-lampét. Teu nolih nu ngahalangan, jelema, panto, dirarud, ngebat ngétan. Kapanggih-kapanggih keur andiprek di mana boa, ceurik balilihan semu nu kanyenyerian.
“Ema, ari Darma nuju di mana ieu téh?” bari nginghak.
Teu réa nu kakedalkeun ku indungna, “Hayu balik, Sujang!” sarua nginghak. Sok ngadadak lempés mun indungna geus nyarita kitu téh. Ngan teu cukup kitu, mun keur leumpang balik kabeneran pasangrok jeung wanoja sok terus jadi deui. Ngabedega, panonna burahay, laju ngukuntit, nutur-nutur kamana baé jigna, nepi ka ku saréréa dianggap pibahayaeun.
Gorowok deui, “Isuk pagéto—!” Tara kebat leuwih ti sakitu.
Isukna, kitu deui. Pagétona, kitu deui.
Geus gélo cenah Sudarma téh.
“Ulah dikurung atuh, bapana! Urang parancahan di rumah sakit jiwa baé anggur mah, watir nempona ogé.” Ceu Rumsih weléh teu panujueun basa Sudarma mimiti dikurung. Lain ku éra, tapi ku kanyaah nu weléh ngamalir dina saban urat getihna, nu kapapatkeun dina saban ngeungapanana.
“Ih, ambu, bapa gé lain teu karunya—“ Mang Momo teu kebat, ngarénghap heula.
“—Réa perkarana ieuh! Pangpangna mah nya rék ti mana pibiayaeunana, batan sakieu geuning.” Tara papanjangan.
Minangka ngabangbalérkeunana téh Ceu Rumsih ukur bisa kalawan satia méh unggal aya lolongkrang waktu ngalongokan ka kurungan. Mun teu ngirim dahareun jeung inumeun, padu ngalongok kitu baé. Sok dibarung ku reumbay. Sareukseukna kurungan balas cikiih jeung kotoran lian anakna mah tara ieuh ditolih. Laju diberesihan. Tara, tara maké jeung nutup irung sagala.
Sok katara ku Ceu Rumsih, tina juru panonna, Sudarma neuteup anteb. “Teu, teu gélo, cageur Sudarma téh,” jero haténa.

**

DI jero kurungan, totondé-totondé nu kokolébatan dina implengan Sudarma geus mawa inyana jauh kokojayan dina alam katukang. Inyana ngarasa teu gélo, tapi mun seug éta totondé datang, aya kakuatan kacida nu ngagerakkeun awakna, panonna, létahna, ngalakukeun paripolah nu ceuk jalma lian mah gélo. Ngan nu gélo nu ngalakukeun paripolah kawas kitu.
Sok kapapatkeun dina haténa. Aing teu gélo. Aing Sudarma. Aya kakuatan nu datangna lain ti diri aing. Lain aing, tapi Darma, Mantri Pasukan Balamati karajaan Sunda. Kétang, lain kakuatan, tapi wirang nu kacida duméh aing, Darma, teu bisa nyalametkeun kahormatan tanah jungjungan tina pangrobéda angkaramurka nu ngamalir dina saban urat-urat manusa kaniaya. Manusa nu napsuna geus ngungkung warugana. Wirang kacida, bet teu nolih kana pibahlaeun nu nyamuni dina ceuyahna kaayaan nalika putri Sunda baris nyanding ratu.
Mantri Balamati téh tangtu lain jalma samanéa. Éstuning jalma pinilih. Salasahijina, kamampuh waspada permana tinggal. Taya kaayaan nu kudu leupas tina analisana. Bahaya tangtu écés katingali dina kaayaan keur harénghéng. Dina keur ceuyah ku kasuka, aya bahaya balas tindakan-tindakan anu teu disangka-sangka, nyamuni dina ulat-ulat bagja. Ieu kuduna jadi tinimbangan nalika harita inyana iang ka lelemah beulah wétan nu kacipta baris jadi lemah caina, mingpin abringan nu ceuyah ku ulat bagja.
Di tegalan Bubat. Langit angkeub, nganaha-naha inyana ilang waspada.
Aing Sudarma. Aing Darma. Dua idéntitas nu mingkin kerep kokolébatan dina implengan Sudarma.
Ti barang lahir, geus réa totondé nu katarima ku indung bapa Sudarma patali jeung kaayaan anakna. Sora guludug nu handaruan jeung tatit ngajorélat nu ngararud tangkal kalapa tukangeun imahna mangsa Sudarma lahir, nepi ka kiwari jadi kacapangan sabagian gedé masarakat Pasirlaya yén éta mangrupa hiji totondé lahirna hiji manusa nu lain samanéa. Manusa nu boa teu ilahar.
Ti leuleutik sorot panon Sudarma éstu matak nanceub kana mamaras. Cacarita éstu saperluna, leuwihna mah ukur imut maur. Tong boro budak, dalah kolot taya nu wanieun neuteup sorot panonna. Seukeut.
Sudarma kungsi jadi pananyaan saréréa. Geus teu kaitung urang lembur Pasirlaya jeung lembur-lembur lianna, boh nu deukeutna boh nu jauhna, nu nanyakeun rupa-rupa pasualan ka Sudarma. Istiméwa harita Sudarma téh. Sapasirlaya mah geus moal aya nu bireuk deui ka Sudarma téh. Sudarma, nu bisa nyawang mangsa, nu maphum kana totondé ti alam mana boa. Saucapna nyata, satuduhna metu.
Totondé-totondé mingkin ngerepan kokolébatan dina implengan Sudarma. Mawa inyana ngojay dina sagara implengan nu teu samistina. Hésé. Najan Sudarma satékah polah ngalawan, implenganana kalah ka mingkin rus-ras, lir matapanah-matapanah nu patingbelesat tina gondéwana, terus nanceb dina uteukna. Mingkin ngerepan, terus nanceb dina mamarasna, dina alam sadarna, terus ngawasa jiwa jeung ragana.
Di jero kurung, ukur ceurik nu bisa jadi panglumpatan Sudarma nalika totondé patingjorélat ngerepan. Ceurik nu tan nyoara. Sok terus kapulesan, nyaring-nyaring éta totondé ngurangan, laju leungit tina alam pikiranna. Sudarma sabihara jalma réa, éling di temah wadi. Éling saha inya.
“Naha kuring bet disebut gélo ku sararéa?” gerentes haténa. Ngeungapanana rénghap-ranjug, kakuciwa kandel dina ulat-ulat beungeutna.
“Kuring teu gélo…!” ngarahuh.
“Enya, kuring teu gélo!” ngarahuh deui. Jep sakedapan.
“Lain kuring nu gélo mah, tapi Darma. Kuring mah Sudarma. Darma, Sudarma, béda éta téh. Naha indung jeung bapa, dulur, tatangga, teu percaya ka kuring, bet kudu dikurung sagala?
Ieu ranté gé apaleun kuring teu gélo. Ieu kurung gé apaleun kuring teu gélo. Ranté… Kurung… Kuring…”
Sudarma terus ceurik deui, ceurik nu teu nyoara. Teu lila, tuluy panonna karasaeun beurat ku pitunduheun balas capé. Capé nu ceuk pangrasana teuing balukar tina naon. Capé nu boa balukar tina jiwa jeung ragana nu campuh dina pangperangan batin nu teu anggeus-anggeus. Tuluy saré.
Saré.
“Gusti…!!!” indung Sudarma ngajerit basa hiji isuk lalampahan sabiharina ngalongokan kurung anakna kudu dibarengan ku kakuciwa nu taya hinggana. Sudarma ngajepat teu usik-usik, panonna molotot, létahna ngelél, kadua leungeunna napel dina beuheungna.
“Gusti…!!! Darma…!!! Anaking…!!!” tuluy ngalemberek kapiuhan.

***

Lémbang, Poé Kahiji 2009