PATALINA BASA JEUNG MASARAKATNA


DADANG NURJAMAN
0907667


Abstrak

Basa téh disawangna teu saukur salaku sistem tanda, tapi disawang ogé salaku sistem sosial, sistem komunikasi, jeung babagian tina hiji kabudayaan nu tangtu. Ciri umum unggal basa téh ayana pamaké atawa komunikan. Ieu hal ngabalukarkeun basa mibanda sifat arbitrér jeung konvénsional. Unggal masarakat téh diwangun ku individu jeung kelompok nu ngayakeun kagiatan interaksi sosial sarta mibanda pamahaman anu béda-béda kana rupaning pasualan, kaasup dina pasualan basa. Pamahaman anu béda-béda unggal masarakat kana basa téh ngagelarkeun konsép variasi basa. Tina rupaning variasi basa, unggal basa mibanda variasi-variasi salaku hasil tina ayana patalimarga antara individu, kelompok, jeung sikep masarakat kana basana. Tina éta hal, baris kagambar kumaha patalina basa jeung masarakatna ditilik tina konsép indikator sosial nu ngawengku kelas sosial, kelompok étnis, jeung bangsa.


A.BUBUKA
Sosiolinguistik mangrupa cabang élmu linguistik nu ngulik patalina basa jeung masarakatna ngaliwatan ulikan kontékstual perkara variasi basa nu digunakeun ku masarakat dina konsép komunikasi alamiah. Gelarna sosiolinguistik téh dimimitian ku padungdengan sabadana aya gerakan linguistik transformasional nu dipokalan ku Chomsky. Nurutkeun aliran transformasional, réalitas sosial anu kawilang hétérogén di masarakat dina wangun status sosial nu béda-béda, umur, jénder, kasang tukang étnisitas, atikan, jeung sajaba ti éta, mangrupa pasualan anu taya pangaruhna jeung carana éta masarakat nangtukeun pilihan-pilihan ngagunakeun basa. Pikeun sabagian aliran linguistik lianna, nu béh dieu nganénéhnakeun salaku kaum sosiolinguis, sawangan kaum transformasional Chomsky téh tangtu waé matak teu nyugemakeun. Ari sababna, variasi basa anu diulik téh tétéla mangrupa pasualan poko anu kacida dipangaruhan jeung mangaruhan bédana aspék sosiokultural unggal masarakat. Napak dina éta paradigma, ka béhdieunakeun Sosiolinguistik gelar jadi ulikan basa nu nyawang yén basa teu bisa dijéntrékeun kalawan nyugemakeun saupama teu ngalibetkeun aspék-aspék sosial nu jadi ciri unggal masarakat nu kamekaranana baris mangaruhan pilihan éta masarakat dina ngagunakeun basa.

Dina jihat sosiolinguistik, basa téh disawangna teu saukur salaku sistem tanda, tapi disawang ogé salaku sistem sosial, sistem komunikasi, jeung babagian tina hiji kabudayaan nu tangtu. Ku kituna, nyawang basa ngaliwatan ulikan sosiolinguistik mah salawasna baris masualkeun kumaha éta basa digunakeun di masarakat nu dipangaruhan ku rupaning pasualan. Di antarana nya éta 1) faktor sosial, nu ngawengku status sosial, kelas sosial, jénder, jeung sajabana; sarta 2) faktor situasional, nu ngawengku saha nu nyarita, kumaha wangun basana, ka saha nyaritana, iraha, dimana, jeung ngeunaan pasualan naon.

Ferdinand De Saussure nandeskeun yén basa mangrupa salasahiji lembaga kamasarakatan anu sarua jeung lembaga kamasarakatana lianna kayaning pertikahan atawa hukum waris, jeung sajaba ti éta. Éta hal némbongkeun pentingna panitén kana diménsi sosial basa, sok sanajan nurutkeun Hudson (1962: 2) mah kasadaran kana éta hal téh karak témbong dina tengahing abad ka-20. Dina éta mangsa, nurutkeun Labov jeung Halliday mah sajumlahing ahli basa mimiti sadar yén ulikan basa anu teu dipakaitkeun jeung masarakatna baris ngaleungitkeun sababaraha aspék anu kawilang penting, béh dituna bisa ngaheureutan sawangan kana disiplin basana sorangan. Alatanana mah pangpangna yén omongan téh miboga fungsi sosial, boh salaku pakakas komunikasi boh minangka salasahiji cara nandeskeun kelompok sosial. Kamungkinan kapaluruhna pertélaan sosial pikeun struktur nu digunakeun dina hiji basa, baris leungit saupama ulikan basa téh teu dipakaitkeun jeung masarakat nu ngagunakeun éta basa.

Salian ti éta, kasadaran kana hakékat digunakeunana basa salaku tanda-tanda nu salawasna barobah ogé mimiti mekar. Pamakéan basa téh teu ukur mangrupa kumaha cara tutur saur nu digunakeun ku sakabéh jalma atawa pikeun sakabéh situasi dina wangun nu sarua, tapi sabalikna ti éta, nyatana pamakéan basa téh béda-béda gumantung kana sababaraha faktor, kayaning faktor sosial, budaya, psikologis, jeung pragmatis.

B.PATALINA BASA JEUNG MASARAKATNA
Hakékatna basa téh mangrupa lambang sora anu dihasilkeun ku pakakas ucap manusa kalawan puguh éntép seureuhna tur ragem di antara anggota masarakatna pikeun tujuan komunikasi. Basa salawasna diwangun ku dua adegan, nya éta adegan cangkang (lahir) jeung adegan eusi (batin). Nurutkeun Sudaryat (1987:9), adegan cangkangna basa téh mangrupa sistem sora manusa anu dihasilkeun ku pakakas ucapna, sedengkeun adegan eusi mah mangrupa eusi nu dipimaksud ku sistem sora atawa mangrupa kedalan rasa, pikiran, jeung kahayang nu aya dina sistem sora waktu campur gaul.

Sok sanajan kitu, fungsi basa téh tétéla lain saukur salaku pakakas komunikasi. Pikeun Sosiolinguistik, konsép basa anu mangrupa pakakas nu fungsina pikeun nepikeun pikiran téh dianggap heureut. Nurutkeun Chaer (2004:15), pikeun Sosiolinguistik mah fungsi basa anu jadi pasualan téh bakal béda-béda nalika ditilik tina puseur sawangan anu béda dumasar kana lima wengkuan, nya éta:
1)Panyatur
Ditilik tina wengkuan panyaturna, basa téh mibanda fungsi pribadi atawa personal. Hartina, panyatur basa dina nepikeun sikepna perkara hal anu diucapkeunana téh teu saukur nepikeun sikep, tapi ogé némbongkeun éta sikep (misalna ambek, sedih, atawa gumbira)
2)Pamiarsa
Ditilik tina wengkuan pamiarsana basa téh mibanda fungsi diréktif, nya éta ngatur paripolah éta pamiarsa nepi ka bisa ngalakukeun hal anu luyu jeung kahayang si panyatur.
3 Jejer
Ditilik tina wengkuan jejerma basa téh mibanda fungsi referensial, nya éta salaku pakakas pikeun nyaritakeun jejer (obyék) atawa kajadian anu aya disabudeureun panyaturna atawa dina budaya sacara umum.
4)Kode
Ditilik tina wengkuan kodena basa téh mibanda fungsi métalingual atawa metalinguistik, nya éta basa digunakeun pikeun nyaritakeun éta basa sorangan, misalna nalika dina pangajaran struktur atawa kaédah-kaédah basa nu ditétélakeunana ngagunakeun basa.
5)Amanat
Ditilik tina wengkuan amanatna basa téh mibanda fungsi imajinatif, nya éta basa téh bisa digunakeun pikeun nepikeun kamandang, pipikiran, jeung parasaan, boh nu wujudna nyata boh nu ngan saukur implengan.

Ciri umum unggal basa téh ayana pamaké atawa komunikan. Ieu hal ngabalukarkeun basa mibanda sifat arbitrér jeung konvénsional. Unggal masarakat téh diwangun ku individu jeung kelompok nu ngayakeun kagiatan interaksi sosial sarta mibanda pamahaman anu béda-béda kana rupaning pasualan, kaasup dina pasualan basa. Pamahaman anu béda-béda unggal masarakat kana basa téh ngagelarkeun konsép variasi basa.

Kartomihardjo (1988:82) nétélakeun yén variasi basa mangrupa rupaning makéna basa balukar ayana kelas sosial ékonomi, kasang tukang atikan, profési, idéologi, kahayang, jeung agama. Napak kana pamadegan Halliday, nurutkeun Chaér jeung Agustina (2004:61-62), variasi basa téh bisa diklasifikasikeun dina opat wengkuan, nya éta:
1)wengkuan Panyatur
Variasi basa dumasar kana wengkuan panyatur ngawujud dina variasi basa anu sipatna individual dumasar kana warna sora, pilihan kecap, gaya basa, susunan kalimah, jsté. nu mangrupa sipat-sipat has unggal jalma (idiolék ) jeung variasi basa tina kelompok individu nu réana rélatif nu nyicingan hiji tempat (dialék). Salian ti éta, aya ogé kronolék atawa dialék témporal, nya éta variasi basa nu digunakeun ku kelompok sosial dina wengkuan waktu anu tangtu; jeung sosiolék atawa dialék sosial, nya éta variasi basa anu patali jeung status, golongan jeung kelas sosial panyaturna.
2)wengkuan Pamakéan
Variasi basa patali jeung wengkuan pamakéan disebutna fungsiolék atawa régister, biasana digunakeun pikeun kaperluan widang-widang anu tangtu, kayaning widang sastra, jurnalistik, tatanén, militér, atikan, jsté.
3)wengkuan Kaformalan
Nurutkeun Martin Joss, variasi basa dumasar kana wengkuan kaformalan téh ngawengku gaya (ragam) beku, resmi, usaha, loma, jeung akrab.
-Ragam beku (frozen) mangrupa variasi basa anu pangformalna, biasana digunakeun dina kagaiatn-kagiatan upacara resmi jeung hidmat, kayaning hutbah, undang-undang, akte notaris, sumpah, jsté.
-Ragam resmi (formal) mangrupa variasi basa nu biasana digunakeun misalna dina pidato kanagaraan, rapat dinas, buku atikan, jsté.
-Ragam usaha (consultative) mangrupa variasi basa nu digunakeun dina gunem catur biasa di sakola, rapat-rapat, atawa nu orientasina kana hasil atawa produksi. Posisina bisa disebutkeun aya di antara ragam formal jeung ragam informal (rinéh).
-Ragam loma (informal) mangrupa variasi basa anu digunakeun dina situasi teu resmi, kayaning gunem catur jeung kulawarga atawa babaturan dina waktu-waktu istirahat, olahraga, pakansi, jsté. Biasana sok direumbeuy ku wangun-wangun alégro (kekecapan nu dipondokken).
-Ragam akrab (intimaté) mangrupa variasi basa anu biasa digunakeun ku panyatur jeung pamiarsa nu hubungana geus akrab, kayaning papada anggota kulawarga atawa sobat. Biasana sok ngagunakeun kekecapan atawa basa nu teu lengkep jeung artikulasi nu teu pati écés.
4)wengkuan Sarana
Variasi basa patali jeung wengkuan sarana ditilik tina pakakas anu digunakeun, ngawengku ragam lisan nu ditepikeun kalawan dibantuan ku unsur-unsur supraségméntal jeung ragam tulisan nu ditepikeun ngaliwatan simbul jeung tanda baca.
Tina rupaning variasi basa sakumaha kasebut di luhur, écés yén unggal basa téh geus karuhan mibanda variasi-variasi salaku hasil tina ayana patalimarga antara individu, kelompok, jeung sikep masarakat kana basana (il. Aslinda, 2007:97). Tina éta hal, baris kagambar kumaha patalina basa jeung masarakatna ditilik tina konsép indikator sosial sakumaha ieu di handap.

1.Basa jeung Kelas Sosial
Unggal masarakat miboga cara pikeun ngahargaan hal-hal anu tangtu dina éta masarakat. Harga anu luhur pikeun hiji hal baris nempatkeun éta hal dina kalungguhan anu luhur tibatan hal-hal lianna. Hal sarupa kitu téh baris ngagelarkeun konsép stratifikasi sosial, nya éta ngabédakeun posisi hiji jalma atawa kelompok dumasar kana kalungguhan (status) jeung peran (role) sacara vértikal.

Stratifikasi sosial mangrupa hal anu universal dina hiji masarakat anu kawangun ngaliwatan dua cara. Kahiji, ngaliwatan prosés alamiah nu lumangsung kitu baé dina prosés kamekaran éta masarakat. Biasana didadasaran ku kapinteran, umur (sénioritas), katurunan, jeung harta banda dina wates-wates anu tangtu. Kadua, ngahaja diwangun pikeun ngudag tujuan anu tangtu sacara babarengan. Biasana patali jeung babagi kakawasaan jeung wewenang resmi dina organissasi-organisasi formal, kayaning pamaréntahan, pausahaan, partéy politik, katentaraan, atawa paguyuban (il. Soekanto, 1990:253-256).

Prosés stratifikasi sosial téh ngahasilkeun panta-panta (kelas) sosial anu leuwih luhur jeung nu leuwih handap. Sacara tradisional, aya sababaraha kritéria kelas sosial anu maparinan fasilitas-fasilitas hirup anu tangtu (life-chances) pikeun anggotana, jeung mangaruhan paripolah hirup séwang-séwang wargana (life-style), nya éta:
1)jumlah anggotana;
2)kabudayaan anu sarua, anu nangtukeun hak jeung kawajiban wargana;
3)tanda/lambang-lambang anu jadi ciri mandiri;
4)wates-wates anu atra (pikeun kelompokna, pikeun kelompok lianna); jeung
5)antagonisme anu tangtu.

Kawangunna kelas sosial ngaliwatan konsép stratifikasi sosial téh di antarana didadasaran ku unsur-unsur ekonomis, politis, jeung pangaweruh. Nurutkrun Soekanto (1990:263) ukuran atawa kritéria anu digunakeunana nya éta:
1)Ukuran harta banda; Singsaha anu mibanda harta pangréana, nempatan kelas pangluhurna.
2)Ukuran kakawasaan; Singsaha anu mibanda kakawasaan atawa wewenang anu luhur, nempatan kelas anu luhur.
3)Ukuran kahormatan; Leupas tina ukuran-ukuran harta banda jeung kakawasaan, tapi leuwih nyoko kana konsép saha anu leuwih dipikaajrih mangka éta anu kaasup kana kelas anu luhur.
4)Ukuran élmu pangaweruh; Biasana dipaké ku masarakat anu ngahargaan kana élmu pangaweruh, tapi béh dieu rada géséh sabab leuwih nyoko kana gelar kasarjanaan.

Di sakuliah dunya, kaitung réa conto-conto kelas sosial. Di Inggris, aya istilah-istilah commoners pikeun masarakat biasa, jeung nobility pikeun masarakat atawa kelompok bangsawan. Sabagian gedé masarakat Inggris sadar yén luyu jeung adat-istiadat, jalma-jalma anu aya dina kelompok nobility téh kelasna aya disaluhureun kelompok commoners. Sistem kasta di India (varna yati) samalah geus aya sababaraha abad ti béh ditu mula. Nurutkeun kitab Rig-Veda jeung kitab-kitab Brahmana (Soekanto, 1990:257), masarakat India ngabagi opat varna yati anu disusun ti luhur ka handap, nya éta Brahmana pikeun pendéta, Ksatria pikeun bangsawan jeung tentara, Vaisya pikeun padagang, jeung Sudra pikeun rahayat biasa. Sedengkeun rahayat anu teu asup atawa teu mibanda kasta mangrupa golongan Paria.

Sistem opat kasta kawas di India digunakeun ogé ku masarakat Bali. Tilu kasta nu ngawengku Brahmana, Satria, jeung Vesia disebutna triwangsa, sedengkeun kasta Sudra disebut jaba kalawan jumlah warga pangréana. Opat kasta kasebut téh dibagi-bagi deui kana kelas-kelas husus, biasana atra katémbong dina ngaran nu mangrupa gelar. Gelar Ida Bagus pikeun kasta Brahmana, gelar-gelar Tjokorda, Dewa, jeung Ngahan, pikeun kasta Satria, gelar-gelar Bagus jeung I Gusti pikeun kasta Vaisya, sedengkeun pikeun kasta Sudra digunakeun gelar-gelar Pande, Kbon, atawa Pasek.

Conto lianna nya éta masarakat Atoni Pah Mete di Timor. Di éta wewengkon, kaum bangsawan disebutna usif, pikeun ngabédakeun jeung kaum masarakat biasa anu disebut tog. Kalungguhan usif téh tangtu baé leuwih luhur tibatan tog, ditegeskeun ngaliwatan sistem hak jeung kawajiban anu tangtu.

Jaman pangaruh agama Hindu, masarakat Sunda ngalaman mibanda panta-panta masarakat. Dina Naskah Snghyang Siksa Kanda Ng Karesian, disebutkeun aya pendeta, wiku pa.ra.loka (nu tapa), biarawan (tetega), ebon (biarawati), pelayan biara (ameng), cantrik (wasi), tiagi (nu tapa di jero leuweung), walka (nu tapa maké papakéan kulit), resi, juru mantra, juru puja jeung disi (ahli ramal jeung obat-obatan). Kalungguhan samodél kitu téh kasebut luhur ajénna pikeun masarakat sarta dianggap suci, nepi ka aya papagon pikeun sakumna jalma réa pikeun teu nyarandé dina tihang urut jalma-jalma suci nyarandé. Handapeun jalma-jalma suci, aya golongan seniman nu mibanda kalungguhan penting pikeun masarakat ngaliwatan karya-karyana, boh seni rupa, téater, atawa seni sastra.

Béh dieuna, di masarakat Sunda ogé kungsi aya babagian kelas sosial pangaruh ti Jawa nu ngawengku kaum ménak jeung kaum abangan. Di masyarakat Jawa, aya golongan nu disebut Priyayi jeung Abangan. Golongan Priyayi téh biasana ngawengku jalma-jalma atawa kelompok karaton, sedengkeun golongan Abangan mah mangrupa rahayat nu agamana Islam tapi teu pati nurut kana parentah-parentah para Kyai. Biasana deukeut kana aliran kabatinan, arah pulitikna umumna ka partey-partey nu azasna nasional lain kaagamaan. Cenah mah sikep "abangan" téh, muncunghul tina resistensi pangaruh luar (agama), hayang tetep ngalanggengkeun "kajawaan" (idéntitas sosial). Urang Sunda tangtu wae lain urang Jawa, tapi sigana aya harib-haribna jeung Urang Jawa, ngan beda saeutik, salah sahiji bedana kaum Priyayi (ménak) urang Sunda mah umumna "santri", najan aya ogé anu dumasar kana katurunan bupati. (il. http://www.mail-archive.com/baraya_sunda@yahoogroups.com).

Patalina jeung basa, kelas sosial téh ngabalukarkeun gelarna variasi basa dina wangun sosiolék. Nurutkeun Aslinda jeung Syafyahya (2007:105-106), situasi basa nu digunakeun dina ragam kelas sosial téh béda-béda. Unggal anggota masarakat basa tina séwang-séwang sosiolék tetep renggenek ngahiji nyicingan hiji wilayah anu tangtu, sok sanajan teu matak ngajadikeun wangun basana mibanda warna anu deukeut. Variasi basa dina wangun sosiolék téh ngawengku rupaning pasualan individual panyaturna, kayaning umur, atikan, séks, pakasaban, tingkat kabangsawanan, kaayaan sosial ékonomi, jsté., biasana atra palebah kandaga kecap, pelafalan, morfologi, jeung sintaksisna.

Nurutkeun Chaer jeung Agustina (2004:66), variasi basa dina wangun sosiolék téh aya sababaraha rupa, nya éta:
1)Akrolék; mangrupa variasi nu dianggap leuwih luhur ti batan variasi-variasi lianna.
2)Basilék; mangrupa variasi nu dianggap kurang géngsina atawa asor.
3)Vulgar; mangrupa variasi nu ciri-cirina atra dina panyatur nu kuarang mibanda atikan.
4)Slang; mangrupa variasi nu sipatna husus jeung rahasia.
5)Kolokial; mangrupa variasi nu digunakeun dina gunem catur sapopoé nu wangunna wancahan tina kecap-kecap nu lain basa tinulis, kayaning dok (tina dokter), prof (tina profésor), lét (tina létnan), jsté.
6)Jargon; mangrupa variasi nu digunakeun sacara kawatesanan ku kelompok nu tangtu, kayaning kecap-kecap disiku atawa ditimbang nu digunakeun ku tukang batu atawa bangunan (undagi).
7)Argot; mangrupa variasi nu digunakeun sacara kawatesanan ku widang profési anu tangtu sarta sipatna rusiah, kayaning kecap ngagas nu digunakeun ku copét atawa jambrét.
8)Kén; mangrupa variasi nu nadana dijieun-jieun supaya katinggali pikarunyaeun, biasana digunakeun ku tukang jajaluk.

Masarakat panyatur basa Sunda mibanda konsép ragam basa nu disebut undak-usuk basa Sunda (UUBS). Leupas tina padungdengan perkara perlu-henteu digunakeunana dina pakumbuhan masarakat basa Sunda, UUBS téh mangrupa salasahiji wangun variasi basa dumasar kana tahap-tahapna jalma anu diajak nyarita jeung situasi lumangsungna komunikasi. Nurutkeun Hidayat Suryalaga (2005), dina UUBS tahap-tahapna jalma nu diajak nyarita jeung situasi lumangsungna komunikasi téh mangaruhan kana ragam basa nu kudu digunakeun.

Nurutkeun pola anu normatif- formal (baku) aya dalapan Ragam Basa dina UUBS, nya éta:
a. Ragam Basa Hormat (Basa Lemes), diwangun ku:
1)Ragam Basa Lemes Pisan (Luhur)
2)Ragam Basa Lemes keur Batur
3)Ragam Basa Lemes keur Pribadi (Sedeng)
4)Ragam Basa Lemes Kagok (Panengah)
5)Ragam Basa Lemes Kampung (Dusun)
6)Ragam Basa Lemes Budak

b. Ragam Basa Loma (Akrab, Kasar)
1)Ragam Basa Loma (Akrab, Kasar, Nétral)
2)Ragam Basa Garihal (Kasar Pisan, Songong)

Dina kanyataanana, saeutik pisan kecap anu mibanda dala¬pan tingkat (ragam) wangunna. Anu sering digunakeun mah nya éta Ragam Basa no. 2, no. 3 jeung no. 7.
Parandéné kitu, Fishman jeung Gumperz (dina Aslinda, 2007:106), nétélakeun yén variasi basa samodél kitu téh digunakeunana leuwih ku masarakat tradisional nu boga sipat nutup diri balukar faktor sosial jeung kultural. Demi masarakat modéren mah mangrupa masarakat basa nu kaétang terbuka, dina ngagunakeun basa téh leuwih nyoko kana rupaning variasi dina basa anu sarua.

2.Basa jeung Kelompok Étnik
Kelompok étnik mangrupa katégori askriptif dina rasa (sense) anu klasifikasina didadasaran ku individu, kasang tukang, jeung asal-muasalna. Nurutkeun Parsudi (il. http://prasetijo.wordpress.com), étnisitas mangrupa hiji fénoména nu gelar dina prosés interaksi sosial, maluruh posisi sosial, jeung kakuatan pulitik, anu merelukeun sumber kompetisi antara anggotana jeung anggota kelompok lianna. Kelompok étnik ngawasa jeung némbongkeun idéntitas dirina ngagunakeun jeung nekenkeun kana sipat atawa ciri simbolik anu dipilah tina kabudayaanana sacara gembleng anu ngabédakeun antara dirina jeung nu lianna.

Nurutkeun Phinney jeung Alipora (il. http://www.ujungpandangekspres.com), idéntitas étnik mangrupa hiji wangun konstruksi kompléks nu ngawengku komitmén jeung sense of belonging kana kelompok étnik, évaluasi positif kana kelompokna, karep kana pangaweruh ngeunaan kelompokna, sarta ilubiung dina rupaning kagiatan kelompokna. Salasahiji nu ngawangun kelompok étnik téh nya éta sasaruan papada anggota étnik nu kawangun ngaliwatan sasaruaan prosés diajar, pangalaman, jeung kasang tukang, anu ngajadikeun papadana mibanda sasaruaan adat jeung paripolah.

Patalina basa jeung kelompok étnis bisa disawang ngaliwatan konsép étnografi komunikasi nu dimekarkeun ku Hymes. Dina konsép étnografi komunikasi Hymes, disawang yén tutur téh mangrupa bagian tina interaksi sosial, puseur paniténna mah parabot tuturna (means of speaker) nu ngawengku informasi perkara reperetoar basa lokal, gemblengan variétas, dialék, jeung gaya nu digunakeun dina komunitas (il. Hymes, 1987:4). Nurutkeun Labov mah mangrupa kalang idéntitas (identity markers) atawa kalang tutur (speech markers). Sedengkeun Giles mah nyebutna téh kalang étnisitas (ethnicity markers), dibédakeun jadi tilu situasi kontak: (1) paradigma pilihan basa, (2) paradigma akomodasi, jeung (3) paradigma asimilasi.

Paradigma pilihan basa ayana dina masarakat multiétnik, nu séwang-séwang kelompokna ngagunakeun basana sorangan. Unggal kelompok biasana mah pada-pada teu paham kana basa kelompok lianna, tapi dibeungkeut ku “basa umum” nu mangrupa bahasa persatuan atawa salasahiji basa kelompok nu aya. Contona di Indonésia, séwang-séwang étnikna (Sunda, Malayu, Jawa, jsté.) ngagunakeun basana séwang-séwangan, tapi dibeungkeut ku basa Indonésia salaku basa umum. Sedengkeun paradigma akomodasi jeung asimilasi ayana dina jeroeun kelompok étnikna sorangan, biasana alatan pasualan politik, ékonomi, jeung sosial. Contona di kelompok étnik Sunda, aya basa Sunda lulugu (priangan) jeung aya basa Sunda wewengkon.

Cindekna, idéntitas étnik jeung subétnik téh mibanda kalungguhan interrelasi jeung paripolah sarta sikep basana. Éta hal katémbong ngaliwatan ayana rupaning répertoar (hasanah) basa atawa ayana béda fungsi nu tumiba ka hiji kode dina répertoar anu sarua, salian ti némbongkeun rupaning sikep jalma kana rupaning kode (il. http://dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografi-komunikasi-dan-register/).

3.Basa jeung Bangsa
Pasualan perkara naon ari bangsa mimiti dipatéahkeun ku Érnést Rénan dina taun 1882. Nurutkeun Rénan, bangsa téh mangrupa jiwa jeung hiji asas karohanian balukar tina: (1) aspék historis; pangalaman nu sarua dina mangsa katukang, jeung (2) aspék solidaritas; kahayang pikeun hirup babarengan dina mangsa béh dieu kalawan ngagunakeun warisan mangsa katukang.

Sabada éta, gelar konsép-konsép anyar perkara bangsa. Otto Bauer nétélakeun tiorina, yén bangsa téh mangrupa hiji masarakat nu tartib balukar tina rasa atawa nasib anu sarua. Sedengkeun nurutkeun Rudolf Kjellen, bangsa téh mangrupa hiji organisme biotis nu mibanda jiwa salaku nafsu pikeun hirup, mertahankeun dirina, jeung kahayang pikeun ngawasa. Aya deui tiori géopolitik Karl Haushofer nu nétélakeun bangsa téh dumasar kana faktor géografis salaku faktor nu tetep (konstan). Salian ti éta, konsép bangsa ogé réa dipatalikeun jeung idéntitas anu dijadikeun ciri husus nu ngabédakeun antara bangsa nu hiji jeung bangsa lianna, biasana dina wangun lambang-lambang.

Nurutkeun Suwito (1983:178), kamekaran nasionalisme geus ngadorong kasadaran yén salaku hiji beungkeutan pulitik, hiji bangsa baris leuwih éféktif nalika dibarengan ku beungkeutan sosial. Beungkeutan sosial sarupa kitu téh bisa kahontal nalika éta bangsa mampuh ngurangan rupaning perbedaan nu ngalingkung boh jeroeun boh luareun dirina. Ku kituna, éta bangsa bisa netepkeun idéntitasna salaku beungkeutan nu gembleng sarta mampuh némbongkeun ciri mandirina nalika dipapandékeun jeung bangsa-bangsa lianna.

Salasahiji wangun idéntitas pikeun hiji bangsa téh nyatana basa. Pikeun mibanda idéntitas nu jadi ciri mandiri sarupa kitu unggal bangsa kudu mibanda hiji basa nu bisa jadi papakas komunikasi pikeun sakumna warga, sarta saéstu mangrupa basa bogana sorangan. Hartina, hiji basa pikeun hiji bangsa jadi ciri kultural nu némbongkeun beungkeutan dirina sarta ciri pangbéda jeung bangsa-bangsa lianna.

Luyu jeung konsép fungsi, basa pikeun hiji bangsa téh tangtu mibanda kalungguhan salaku papakas pikeun komunikasi umum nu ngawengku sakabéh warga masarakat dina éta bangsa. Sok sanajan, dina émprona mah aya bangsa anu ngagunakeun leuwih ti hiji basa, atawa sabalikna aya hiji basa nu digunakeun ku sababaraha bangsa. Tangtu baé situasi kabasaaan sarupa kitu dina konsép kabangsaan mah biasana mangrupa kahéngkéran nu perlu pikeun diungkulan. Lian teu némbongkeun idéntitas mandirina, digunakeunana rupaning basa dina hiji bangsa tangtu lain mangrupa hiji hal anu éféktif, sabab sagalarupa hal anu perlu dikomunikasikeun –pangpangna anu sipatna resmi– ditepikeunana kudu ngaliwatan sajumlahing basa anu diaku salaku basa resmi (il. Suwito, 1983:176-180).


C.KACINDEKAN
Dina jihat sosiolinguitik, basa téh disawangna teu saukur salaku sistem tanda, tapi disawang ogé salaku sistem sosial, sistem komunikasi, jeung babagian tina hiji kabudayaan nu tangtu. Ciri umum unggal basa téh ayana pamaké atawa komunikan. Ieu hal ngabalukarkeun basa mibanda sifat arbitrér jeung konvénsional. Unggal masarakat téh diwangun ku individu jeung kelompok nu ngayakeun kagiatan interaksi sosial sarta mibanda pamahaman anu béda-béda kana rupaning pasualan, kaasup dina pasualan basa. Pamahaman anu béda-béda unggal masarakat kana basa téh ngagelarkeun konsép variasi basa. Tina rupaning variasi basa, unggal basa mibanda variasi-variasi salaku hasil tina ayana patalimarga antara individu, kelompok, jeung sikep masarakat kana basana.

Tina éta hal, baris kagambar kumaha patalina basa jeung masarakatna ditilik tina konsép indikator sosial nu ngawengku kelas sosial, kelompok étnis, jeung bangsa.
Patalina basa jeung kelas sosial ébréh dina variasi basa nu disebut sosiolék. Variasi basa dina wangun sosiolék ngawengku akrolék, basilék, vulgar, slang, kolokial, jargon, argot, jeung kén. Dina hasanah basa Sunda aya nu disebut undak usuk basa Sunda nu mibanda dalapan ragam basa. Patalina basa jeung kelompok étnis ébréh dina idéntitas étnik jeung subétnik mibanda kalungguhan interrelasi jeung paripolah sarta sikep basana. Éta hal katémbong ngaliwatan ayana rupaning répertoar (hasanah) basa atawa ayana béda fungsi nu tumiba ka hiji kode dina répertoar anu sarua, salian ti némbongkeun rupaning sikep jalma kana rupaning kode. Sedengkeun patalina basa jeung bangsa ébréh dina perkara salasahiji wangun idéntitas pikeun hiji bangsa téh nyatana basa. Pikeun mibanda idéntitas nu jadi ciri mandiri sarupa kitu unggal bangsa kudu mibanda hiji basa nu bisa jadi papakas komunikasi pikeun sakumna warga, sarta saéstu mangrupa basa bogana sorangan. Hartina, hiji basa pikeun hiji bangsa jadi ciri kultural nu némbongkeun beungkeutan dirina sarta ciri pangbéda jeung bangsa-bangsa lianna.


PABUKON

Alwasilah, A. Chaedar. (1993). Pengantar Sosiologi Bahasa. Bandung: Angkasa.
Aslinda, Dra., M.Hum., dan Dra. Leni Syafyahya, M.Hum. (2007). Pengantar Sosiolinguistik. Bandung: Refika Aditama.
Chaer, Abdul dan Leonie Agustina. (2004). Sosiolinguistik, Perkenalan Awal. Jakarta: PT Rineka Cipta.
Hudson, R.A. (1962). Sociolinguistics. New York: Cambridge University Press.
Kartomihardjo, Soeseno. (1988). Bahasa Cermin Kehidupan Masyarakat. Jakarta: Departemen Pendidikan dan Kebudayaan Direktorat Jenderal Pendidikan Tinggi Proyek Pengembangan Lembaga Pendidikan Tenaga Kependidikan.
Nababan, P.W.J. (1991). Sosiolinguistik, Suatu Pengantar. Jakarta: PT Gramedia Pustaka Utama.
Prasetijo. (2009). Etnisitas [Online]. Tersedia: http://www.prasetijo.wordpress.com [18 September 2009].
Purnanto, Dwi. (2009). Etnografi Komunikasi dan Register [Online]. Tersedia: http://www.dwipur_sastra.staff.uns.ac.id/2009/06/03/etnografi-komunikasi-dan-register/ [18 September 2009].
Soekanto, Soerjono. (1990). Sosiologi Suatu Pengantar. Jakarta: RajaGrafindo Perkasa.
Sudaryat, Yayat. (1987). Ulikan Semantik Sunda. Bandung: CV. Geger Sunten.
______________(1989). Ulikan Linguistik. Diktat Kuliah di JPBD FPBS IKIP Bandung.
Sumarsono, Prof. Dr., M.Ed. (2002). Sosiolinguistik. Yogyakarta: SABDA & Pustaka Pelajar.
Sunda, Baraya. (2009). (Tanpa Judul) [Online]. Tersedia: http://www.mail-archive.com/baraya_sunda@yahoogroups.com [18 September 2009].
Suryalaga, Hidayat. (2005). Ngungkulan Bangbaluh Ngagunakeun Undak-Usuk Basa Sunda. Makalah dina Kongrés Basa Sunda Ka-VIII di Kab. Subang.
Suwito, Drs. (1983). Soiolinguistik Teori dan Problem. Surakarta: Fakultas Sastra Universitas Sebelas Maret.
Ujungpandangekspres. (2009). Identitas Etnik [Online]. Tersedia: http://www.ujungpandangekspres.com/view.php?id=21228&jenis=Etnik/ [18 September 2009].


Download