KAMUS BASA SUNDA:
TINA MANUAL KANA DIGITAL


Ku DADANG NURJAMAN, S.Pd.


Kongres Basa Sunda Ka-8, taun 2005 di Kab. Subang, di antarana ngahasilkeun rekoméndasi ka sawatara pihak pikeun nyarungsum jeung nyusun deui Kamus Umum Basa Sunda (KUBS). Nya éta pisan salasahiji alesan KUBS yasana Tim Kamus LBSS, nu dipedalkeun ku Penerbit Taraté, disarungsum sareng dipedalkeun deui édisi mutahirna, ku Penerbit Geger Sunten, taun 2007.
Salian ti KUBS citakan 2007, aya deui sawatara kamus basa Sunda nu medal sabadana kongrés dilaksanakeun, sanajan bisa jadi taya pakuat-pakaitna sareng rékoméndasi kongrés téa. Nurutkeun data ti Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (http://ppss.or.id/daftar-buku-sunda/kamus-basa-sunda), Kamus Basa Sunda beunang R. Satjadibrata --kamus basa Sunda munggaran nu disusun ku urang Sunda, medal munggaran taun 1954-- dipedalkeun deui ku Kiblat Buku Utama, taun 2005. Lian ti éta, Kiblat Buku Utama ogé taun 2006 medalkeun Kamus Basa Sunda beunang R.A. Danadibrata.
Ilaharna kamus dina basa-basa lianna, kamus basa Sunda geus medal ti jaman béh ditu kénéh. Sawatara kamus nu kungsi medal di antarana:
1.Dictionary of Sunda Language of Java (1862) beunang Jonathan Riggs;
2.Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (1884) beunang Sierk Coolsma;
3.Soendaneesch-Hollandsch Woordenboek (1894) F.S. Éringa;
4.Sundanese-English Dictionary (2003) beunang R. R. Hardjadibrata;
5.Sababaraha kamus nu saeutik éntrina saperti Kamus Sunda-Malayu (Satjadibrata, 1944), Kamus Leutik Sunda-Indonésia (Satjadibrata, 1945), Kamus Kecil Sunda-Indonésia (M.O. Koesman, 1982), Kamus Sunda-Indonésia (Maman Somantri), Kamus Lengkep Sunda-Indonésia Indonésia-Sunda (Budi Rahayu Tamsyah spk., 1995) Kamus Populér Sunda-Indonésia (Tatang Sumarsono, 2001), Kamus Istilah Populer Basa Sunda (A. Marzuki, 1989), Kamus Girimukti Bergambar Tiga Bahasa: Sunda – Indonesia – Inggris (Tim Girimukti, 2002), Kamus Idiom Bahasa Sunda (Budi Rahayu Tamsyah, 1988), Kamus Istilah Sastra (Iskandarwassid, 1996) jeung sawatara kamus paribasa.
Samalah, nurutkeun Iskandarwassid, dina makalahna nu dipedar dina Kongrés Basa Sunda Ka-8 (2005), upama nengetan eusi naskah kuno Sanghyang Siksa Kanda ng Karesian, kasawangna kasadaran urang Sunda kana perluna définisi jeung wangenan-wangenan téh jaman taun 1512 ogé geus hirup, harita geus dianjurkeun perluna nanyakeun warnaning istilah ka ahlina (narasumber).
Parandéné kitu, saréréa sigana sapuk yén kamus téh mangrupa salasahiji pakakas nu kawilang penting dina ngawasa atawa maham basa. Lian ti éta, nurutkeun Iskandarwassid (2005) kamus téh mangrupa salasahiji sarana pembakuan basa, boh keur kapentingan pangajaran boh keur rupa-rupa kapentingan séjénna. Kamus jadi pananyaan ngeunaan harti kecap, boh kecap asalna boh rundayanana, dina rupa-rupa makena basa. Tegesna kamus téh mangrupa sarana atawa salasahiji sumber informasi ngeunaan kecap.

Perkara Kamus
Dina KUBS (LBSS, 2007) ditétélakeun yén kecap kamus téh asalna tina basa Arab nu hartina buku anu nerangkeun sagala rupa kecap, disusun nurutkeun abjad atawa alfabét. Pon kitu deui dina basa Indonésia, dihartikeun teu jauh béda (il. Kamus Besar Bahasa Indonesia Edisi III citakan ka-3, 2003:499). Sedengkeun dina basa Inggris mah dihartikeunana téh leuwih lega. Kamus (dictionary) téh nya éta (1) a book of alphabetically listed words in a language, with definitions, etymologies, pronounciations, etc., lexicon, (2) such a book of words in one language with their equivalents in another, (3) any alphabetically arranged list of words or articles relating to a special subject [a medical dictionary] (Webster’s New World Dictionary, 1975; dina Iskandarwassid, 2005).
Kwary spk. (2007:9-11) ngabagi kamus jadi dua rupa, kamus monolingual jeung bilingual. Sedengkeun Iskandarwassid (2005) ngabagi kamus jadi tilu rupa, nya éta kamus umum, kamus dwibasa, jeung kamus istilah. Kamus monolingual bisa ogé disebut kamus umum, mangrupa kamus nu ditulis dina hiji basa, eusina ngawengku léma jeung hartina dina éta basa. Tujuanana pikeun kaperluan umum nu ngawengku rupaning widang. Contona Kamus Umum Basa Sunda, Kamus Besar Bahasa Indonésia, Longman Dictionary of Contemporary English, jeung Webster’s New World Dictionary. Kamus modél kitu biasana digunakeun ku panyatur basana sorangan, tapi teu ngahagal ogé saupamana digunakeun ku panyatur diluareun éta basa, misalna pikeun kapentingan interprétasi ma’na jeung maluruh informasi nu kaunggel dina saban kekecapan nu nyampak dina éta kamus.
Kamus bilingual atawa dwibasa disusun ngagunakeun dua basa, kecap-kecap téh disebutkeun sasaruanana atawa dihartikeun dina/ku basa lianna. Contona Kamus Sunda-Malayu (Satjadibrata, 1944), Kamus Leutik Sunda-Indonésia (Satjadibrata, 1945), Kamus Kecil Sunda-Indonésia (M.O. Koesman, 1982), Kamus Sunda-Indonésia (Maman Somantri), Kamus Lengkep Sunda-Indonésia Indonésia-Sunda (Budi Rahayu Tamsyah spk., 1995) Kamus Populér Sunda-Indonésia (Tatang Sumarsono, 2001), atawa kamus basa Inggris-basa Indonésia. Disusunna kamus dwibasa téh méré kauntungan pikeun 1) ngungkab définisi kecap ku cara leuwih gampang jeung babari dipahamna; jeung 2) bisa digunakeun pikeun mantuan komunikasi dua arah (il. Nation, 2001; dina Kwary, 2007:11).
Sedengkeun kamus istilah, mangrupa salasahiji tina jenis “kamus husus”. Aya dua tilu rupa deui anu kagolong ka dinya téh. Upamana, kamus pelajar, kamus kecil, kamus saku, jeung kamus praktis. Disebut kamus pelajar lantaran éntrina ngahaja beunang milihan anu sakira luyu jeung kaperluan pelajar. Tujuanana sangkan éféktif tur éfisién. Kamus kecil nya éta kamus leutik, ipis bukuna, lantaran éntrina (umum) dipilihan sakur nu penting pisan keur kaperluan sapopoé. Kitu deui, kamus praktis. Kamus saku ukuranana jeung kandelna “bisa asup saku”. (il. Badudu jeung Sutan Muhammad Zain, 1994; dina Iskandarwassid, 2005). Disebut kamus istilah téh bané baé ngamuat istilah-istilah anu ilahar dina salasahiji widang anu tangtu, contona Kamus Istilah Sastra: Pangdeudeul Pangajaran Sastra Sunda beunang Iskandarwassid, jeung Kamus Istilah Linguistik beunang Harimurti Kridalaksana.
Lian ti éta, mangsa kiwari mah geus aya kamus nu disusun ngagunakeun tilu basa. Kamus modél kieu sarua baé jeung kamus bilingual atawa dwibasa, eusina nyebutan sasaruan unggal kecap atawa hartina dina séwang-séwang basa. Bédana téh ukur palebah basa nu digunakeunana aya tilu. Contona Kamus Girimukti Bergambar Tiga Bahasa: Sunda – Indonesia – Inggris beunang Tim Girimukti. Samalah, ku mingkin mukana lolongkrang patalimarga dunya, bisa jadi kahareupna gelar kamus-kamus multibasa nu diwangun ku opat basa, lima basa, atawa leuwih.

Kamus Digital Basa Sunda
Méh sarua jeung widang-widang atawa produk tinulis lianna, mangsa kiwari kamus ogé kakeunaan ku pangaruh kamekaran téhnologi. Kamus nu tadina ukur dina wangun buku, kiwari geus aya nu wangunna digital atawa éléktronik. Kamus digital téh wujudna bisa mangrupa software anu bisa diinstalkeun dina komputer, telepon keupeul, pakakas média husus, atawa tulisan online dina internét.
Kamus basa Sunda ogé geus aya nu mangrupa kamus digital, sok sanajan tacan pati réa. Wangunna aya nu mangrupa software, aya ogé anu mangrupa kamus online. Conto kamus basa Sunda nu mangrupa software bisa dipaluruh misalna di http://www.aaqq.net/ atawa di http://irfani.web.id/, sedengkeun nu wujudna kamus online bisa dipaluruh misalna di http://www.scribd.com/doc/16648117/Kamus-Indonesia-Sunda. Hanjakal, anu geus nyampak téh tacan pati dipiroséa kalawan enya-enya. Software kamus basa Sunda atawa kamus basa Sunda online nu geus aya mibanda kahéngkéran pangpangna dina réana éntri kecap jeung wengkuanana nu ngan saukur kamus dwibasa.
Tangtu réa alesan nu marengan gelarna kamus digital basa Sunda téh. Ti mimiti pikeun kaperluan ngagampangkeun tarjamahan, diajar kosakecap, tug tepi ka pakeun pakakas atawa média pembelajaran di sakola. Diciptakeunana kamus digital basa Sunda téh tangtu baé taya maksud pikeun ngaleungitkeun tradisi tulis atawa tradisi maca buku, tapi leuwih nyoko kana fungsina pikeun mantuan diajar, ngawasa, atawa maham basa Sunda ku cara leuwih narik ati, variatif , jeung leuwih ringkes (disimpen dina flashdisk, misalna).
Prosés diajar kalawan ngamangpaatkeun komputer sabenerna mibanda tujuan anu sarua baé jeung prosés diajar kalawan ngamangpaatkeun média-média lianna kayaning buku, pakakas audio, atawa ngaliwatan studi lapangan (ka museum, ka kebon botani, jrrd.). Nalika mangsa kiwari téhnologi komputer geus mangrupa hal anu guyub pikeun sabagian gedé jalma, éta hal tangtu kudu bisa dimangpaatkeun sacara hadé, malahmandar jadi jalan pikeun ngundakkeun karep dina diajar. Pasualanana, kamus digital basa Sunda anu kumaha anu kudu diciptakeun enggoning mantuan diajar basa Sunda.
Dina wujud manual (buku), kamus basa Sunda nu geus nyampak ngawengku kamus monolingual (KUBS), jeung kamus bilingual/multilingual. Nyoko kana sipatna anu bisa leuwih ringkes palebah wujud database, pikeun kaperluan kamus digital mah software anu diciptakeun téh bisa ngawengku wangun monolingual jeung bilingual dihijikeun, sarta dieuyeuban ku kamus istilah paélmuan jeung transliterasi aksara Latén kana aksara Sunda. Éta hal bisa dilakukeun, sabab dina aplikasi basa pemprograman aya pakakas pikeun nyiptakeun ménu atawa pilihan.
Palebah kompatibilitas sistem operasi komputerna, alusna mah bisa pikeun sistem operasi windows, linux, atawa macintosh sakalian. Ngan ku sabab karéréaan urang biasana ngamangpaatkeun atawa leuwih wanoh kana sistem operasi windows, jadina munasabah saupama kamus digital basa Sunda anu geus aya ogé leuwih nyoko kana sistem operasi windows.
Lengkah munggaran pikeun ngawangun aplikasi kamus digital basa Sunda nya éta nyieun basis data sacara digital. Kaitung réa aplikasi nu bisa dimangpaatkeun pikeun nyusun basis data téh, di antarana nu kaitung gampang dina ngagunakeunana nya éta aplikasi Microsoft Access nu aya dina pakét Microsoft Office.
Sangkan hasilna nyugemakeun, basis data alusna mah dijieun salengkep-lengkepna. Pikeun ngahampangkeun dina prosésna, kudu ditangtukeun heula sumber data anu rék dijadikeun tatapakan atawa titik pamiangan basis data. Misalna, tangtukeun baé KUBS salaku tatapakan pikeun nagtukeun éntri kecap anu diperlukeun. Engkéna, sakur sasaruan éntri kecap pikeun kaperluan tarjamahan tina basa Indonésia jeung basa Inggris, atawa pikeun kaperluan transliterasi aksara Latén ka aksara Sunda Ngalagena, réana tinggal diluyukeun. Iwal pikeun kaperluan kamus istilah, éntri istilahna teu kudu diluyukeun jeung KUBS, tapi ukur sajumlahing istilah nu nyampak.
Léngkah satuluyna nya éta ngawangun program kamus ngagunakeun aplikasi Microsoft Visual Basic. Ieu aplikasi dipilih ku sabab gampang ngagunakeunana, sarta sok sanajan ngagunakeun métode Basic, tapi geus bisa némbongkeun visualisasi sangkan urang teu ukur adu hareupan jeung basa atawa code program. Form-form anu kudu disiapkeun ngawengku: 1) form MDI; 2) Form Logo; 3) form Tarjamah Indonésia-Sunda Sunda-Indonésia; 4) form Tarjamah Sunda-Inggris Inggris-Sunda; 5) form Transliterasi Aksara; 6) form KUBS; 7) form transtool; 8) form Istilah Sastra; jeung 9) form Istilah Linguistik. Tina éta form-form, basis data anu geus disusun téh laju ditepungkeun ngaliwatan Adodb.
Unggal form ngawengku sababaraha bagian poko. Bagian kahiji nya éta textbox anu ngawengku textbox Kecap Sumber, mangrupa pakakas pikeun ngasupkeun kecap atawa istilah anu rék dipaluruh hartina atawa sasaruanana; jeung textbox Hasil, mangrupa pakakas pikeun némbongkeun hasil tarjamahan, harti, atawa transliterasi. Husus dina form transliterasi aksara jeung form transtool, nu dipaluruh sasaruanana téh lian ti kecap bisa ogé mangrupa frase, kalimah, atawa wacana. Ku lantaran struktur basa Sunda béda jeung struktur basa Indonésia atawa basa Inggris, kalimah hasil tarjamahan perlu pikeun diédit deui sacara manual diluyukeun jeung strukturna anu merenah. Bagian kadua nya éta listbox Basis Data anu paheut hubunganana jeung textbox Kecap/Hasil, mangrupa pakakas pikeun némbongkeun basis data nu mangrupa atawa éntri.
Bagian katilu nya éta command button Pilari atawa tanda , minangka pakakas pikeun némbongkeun harti kecap, istilah, atawa sasaruaan kecap ku cara di-klik ngagunakeun mouse. Sabada kecap, istilah, atawa kalimah/wacana diketikkeun dina textbok Kecap tuluy command button Pilari atawa  di-klik, mangka sacara otomatis hartina, sasaruanna, atawa tarjamahanana ditémbongkeun dina textbox hasil. Fungsi command button téh ilaharna mah sarua baé jeung fungsi Enter dina keyboard.
Dina form MDI, fungsi anu diayakeun téh ngawengku Ménu atawa Pilihan, jeung Timer. Fungsi Ménu némbongkeun sababaraha pilihan atawa modus anu aya dina aplikasi kamus, ngawengku 1) ménu Kecap pikeun aplikasi Aksara Sunda, KUBS, Kamus Sunda-Indonésia, Kamus Indonésia-Sunda, jeung Kamus Sunda-Inggris Inggris-Sunda; 2) ménu Kalimah/Wacana pikeun tarjamahan kalimah/wacana Sunda-Indonésia, Indonésia-Sunda, jeung Sunda-Inggris Inggris-Sunda; 3) ménu Istilah pikeun Istilah Sastra jeung Istilah Linguistik; sarta 4) ménu Aksara Sunda. Timer fungsina pikeun ngawangun éfék nu tangtu dina aplikasi, misalna éfék running text.
Form Logo dijieun pikeun némbongkeun sarupaning informasi anu aya pakaitna jeung aplikasi kamus anu diciptakeun. Misalna baé ngaran aplikasi jeung vérsina, informasi ngeunaan nu nyiptakeunana, jeung sumber-sumber anu dipaké basis data. Fungsina mah teu jauh béda jeung jilid buku atawa panganteur dina buku/tulisan.
Form-form anu ditataan téh karak bisa digunakeun sabadana dilengkepan ku code dina basa pemrograman. Tuluy dijieun mangrupa file .exe, nu diciptakeun ngaliwatan prosés make file (misalna, make Kamus Sunda.exe). File Kamus Sunda.exe nu geus jadi, bisa digunakeun ngaliwatan dua cara. Cara kahiji mah teu kudu ngaliwatan prosés instalasi, cukup ku ngagunakeun éta file langsung ku cara di-klik. Saratna, ulah poho file basis datana diréndonkeun atawa dihijiekun dina folder anu sarua ku cara manual (misalna ku cara copy/paste). Ngaliwatan ieu cara, folder nu eusina file Kamus Sunda.exe jeung file basis data bisa disimpen dina pakakas removeable disk kayaning flashdisk, datacard, jeung CD/DVD.
Cara anu kadua mah kudu ngaliwatan prosés instalasi heula. File Kamus Sunda.exe jeung basis data téh dihijikeun heula dina aplikasi setup. Cara ngawangun aplikasi setup bisa ngamangpaatkeun sababaraha software anu kiwari geus mahabu, contona aplikasi Setup Factory. Ngaliwatan cara nu kadua mah folder nu eusina file Kamus Sunda.exe jeung file basis data téh teu bisa disimpen dina pakakas removeable disk kayaning flashdisk, datacard, jeung CD/DVD, tapi kudu langsung dina harddisk komputerna.
Cara ngagunakeun aplikasi Kamus Digital Basa Sunda teu jauh béda jeung aplikasi kamus samodélna. Mimitina, tangtukeun ménu naon anu rék dipaké kucara di-klik dina béréndélan ménu Kecap (ngawengku subménu: Kamus Umum Basa Sunda, Kamus Sunda-Indonésia, Kamus Indonésia-Sunda, Kamus Sunda-Inggris Inggris-Sunda), ménu Kalimah/Wacana (ngawengku subménu: Sunda-Indonésia, Indonésia Sunda, Sunda-Inggris Inggris-Sunda), ménu Istilah (ngawengku subménu: Sastra jeung Linguitik), atawa Aksara Sunda (ngawengku subménu: Ngalagena).
Kecap, istilah, atawa kalimah/wacana nu rék ditéangan hartina atawa sasaruanana di asupkeun kana texbox Kecap ku cara diketik atawa di-copy/paste tina dokumén-dokumén digital lianna. Ku cara nga-klik command button Pilari atawa tanda , hasilna baris katémbong textbox Hasil, sarta bisa di-copy/paste-keun kana dokumén-dokumén digital lianna.
Aplikasi Kamus Digital Basa Sunda tangtu baé bisa dimekarkeun deui sangkan leuwih sampurna, boh tagogna, basis datana, boh pilihan ménuna. Pikeun ngamekarkeun tagogna jeung pilihan ménuna, urang bisa ngakalan ngaliwatan aplikasi pemrograman Visual Basic, leuwihna ti éta bisa ogé ngagunakeun aplikasi-aplikasi anu lainna, boh pikeun sistem operasi windows kayaning PhP, MySQL, jrrd., boh pikeun sistem operasi Ms-DOS kayaning Basic, Pascal, jeung C.
Kamekaran kandaga kecap hiji basa téh kacida gancangna. Ku kituna, basis data éntri kecap pasti baris ngalaman parobahan, bisa nambahan atawa bisa ogé ngurangan. Cara ngarobahna mah teu bangga-bangga teuing, cukup ku ngédit file basis data dina aplikasi MS Access. Kecap atawa istilah nu kurang kari ditambahkeun, sedengkeun kecap atawa istilah nu geus teu dipaké mah bisa dipiceun atawa bisa ogé diantep (alusna mah diantep baé, pikeun kabeungharan kandaga kecap). Kecap atawa istilah nu nyampak bisa ogé ditambahan ku katerangan-katerangan nu mangrupa gambar.



Sakumaha ilaharna dina ngawangun aplikasi pikeun prosés diajar, aplikasi Kamus Digital Basa Sunda tangtu baé kudu nyumponan sababaraha kritéria. Maksudna mah écés, sangkan mangpaat anu kairong baris bisa dialap téh enya-enya bisa dialap kalawan saéstu. Tina sajumlahing kritéria, anu pangpentingna mah di antarana baé éta aplikasi téh kudu nyumponan palebah éfisiénsi, réliabilitas, jeung usabilitas.
Komputer nu dipibanda ku séwang-séwang jalma biasana teu sarua spésifikasina, dumasar kana taun sabaraha dirakit atawa jenis téhnologina. Parandéné kitu, ari enas-enasna mah sarua baé unggal komputer ogé mibanda sipat kawatesanan pangpangna dina sual gancang-henteuna, mémori (RAM), jeung kapasitas Harddisk. Ku éta hal, pénting diatur sangkan éta pakakas digunakeun kalawan éféktif nalika ngajalankeun hiji aplikasi. Gampangna mah, aplikasi nu éféktif téh mangrupa aplikasi nu teu matak ngajadikeun éta pakakas mibanda réspon atawa throuhtput anu kendor. Carana bisa rupa-rupa, misalna baé ku jalan teu ngagunakeun gambar-gambar anu résolusina luhur teuing, ngamangpaatkeun algoritma anu éféktif kayaning insertion-sort atawa merge-sort, jeung teu loba teuing éfék-éfék animasi atawa simulasi.
Aplikasi kudu mibanda réliabilitas nu hadé, maksudna mah éta aplikasi téh kudu bisa digunakeun kalawan hadé, teu gampang hang, crash, atawa pareum dadak-sakala nalika keur digunakeun. Bisa ogé diukur ku cara nepi ka mana éta aplikasi bisa dijalankeun sok sanajan aya kasalahan (error tolerance).
Unggal aplikasi ogé kudu nyumponan unsur usabilitas. Maksudna mah aplikasi téh kudu bisa digunakeun kalawan gampang. Gampang-henteuna éta aplikasi dijalankeun bisa katara tina ayana logo, icon, tooltip, atawa command button nu ngarahkeun pamaké aplikasi kana sarupaning informasi anu dipaluruh. Basa anu digunakeunana ogé kudu bisa dicangkem kalawan hadé, teu kamana-mendi, atawa kudu écés-jéntré.
Nu leuwih hadé, aplikasi téh kudu mibanda konsisténsi wangun jeung navigasi nu bisa kalawan gampang dipikaharti nu nu ngamangpaatkeunana. Nepi ka, nalika karak ninggali wangunna ogé nu rék ngagunakeun éta aplikasi téh geus bisa mikanyaho kondisi aplikasi jeung ngirong-ngirong ka lebah mana anjogna, hubungan antara aksi jeung réaksina, atawa hubungan antara kontrol-kontrol jeung éfékna.



Lémbang, 29 Agustus 2009


Download